Hehe...kuring mah lain alumni ieu kampus.
Tapi kusabab kuring urang KUSNET meureun (euweuh hubungana, sigana), kuring
boga kaos-kaos kampanyena. Lumayan. Aralus. Nu hiji tulisana: TEU SOLID MUN
TEU MILU KONGRES IA ITB. warna hideung. Rek dibere deui cenah, meh prcaya
yen ITB teh masih keneh loba anu Sunda.
Nya...hatur nuhun. Kaosna tiis. Warna hideung...diantos bae...hehe...rek
dianggo

Baktos
tantan

On Nov 21, 2007 1:47 PM, Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Bah Willy kuring oge milu ulubiung basa poe Saptu teh keur
> ngaleungitkeun ka panasaran dumeh salila ieu kuring acan ngajaran pipilueun
> dina pamilihan katua IA oge sugan bisa papanggih jeung babaturan anu
> saangkatan.
> Kuring rada kataji kulantaran aya mentri anu aktif, aya anak urut mentri,
> oge aya anu dibuntutan ku Alisyahbana malahan kuring oge kabagean kaos
> beureum tulisan hideung bodas anu unina TO GETHER TO GET HER-na neng Betty
> Alisyahbana tapi nya ari milih mah rusiah pausahaan he he he. Mugia tah
> pimpinan anu anyar teh sing bisa dina ngemban amanahna.
>
> Baktos,
> WAG
>
> *waluya56 <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  MJ kuring mah Golput hehehehe. Ngan isukna NN adi kelas kuring waktu
> sakola, ngilu ka Sumedang hayang meuli opak oded cenah. Sajajalan
> manehna alewoh nyaritakeun pamilihan katua IA. Ceuk manehna nu milih
> HR teh lolobana angkatan ngora (nu alalanyar lulus) .... duka leres
> henteuna mah. NN dugika nyarita kieu : "Barudak mah, ongkoh dipoyok
> tapi dilebok!", cenah.
>
> NN teh urang Tasik jeung istri, batur saangkatan kang Dudi
> Mulyadi ....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>,
> "mangjamal" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >
> >
> > Poe saptu kamari teh, ngahaja ka kampus cap gajah cindeten, hayang
> > ngasaan milu nyoblos pilketum ia. nya aya ceu beti, oge hatta
> rajasa
> > (HR)nu full huis, henky, boyke, jeung zaid. lima calon. rame siga
> keur
> > hajatan.
>
>
> Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
>  
>



-- 
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke