Poe saptu kamari teh, ngahaja ka kampus cap gajah cindeten, hayang ngasaan milu nyoblos pilketum ia. nya aya ceu beti, oge hatta rajasa (HR)nu full huis, henky, boyke, jeung zaid. lima calon. rame siga keur hajatan. milu dahar beurang di fakultas senirupa nu keur nanggap dangdut. heuheu. panggih jeung hiji dua saangkatan, lolobana mah lanceuk & adi kelas. nu geus haruisan oge aya. di imah tiluan nu nyoblos, nu hiji di palembang, malah jadi tim sukses Hatta. HR pasti unggul di daerah dinya, sabab urang dinya. dahuan cikal, lulusan mba tek, jadi nyoblos oge, sarua milih beti. teu nyaksian nepi ka rengse da nepi ka peuting.
peutingna aya beja sms, hasilna HR meunang. nya wilujeng atuh. Heuheu..sanajan rada kuciwa eung. teu ari pundung mah. nya da HR nu kapilih, kudu satuju jeung ngadukung programna pikeun ngamajukeun naon bae nu perlu dipajukeun. ngan eta hanjakalna teh, adat suradat urang can robah. masih keneh pamarentah sentris. baheula Laks kapilih jadi ka ia, bari jeung kapasitas manehna jadi meneg bumn. ayeuna oga, teu jauh, HR kapilih jadi ka ia, bari jeung kapasitasna mensesneg. alusna mah menteri mah nya fokus we ka padamelan salaku menteri, ka ia, nya fokus ka ia. kitu. HR jadi menteri pastina titipan Amien Rais dan urang PAN. basa usum kacilakaan kapal, kareta, HR keur jadi menhub. basa resufel kabinet, loba nu nyangka HR baris lengser, buktina malah ampih ka setneg. dapurna kabinet/pamarentah. tadina hayang Betti teh sugan we, sabab manehna bos IBM indonesia, bisa sugan ngalobi ka amrik sangkan aya silicon valley di urang, siga india kitu. --- In [email protected], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Euleuh, geuning teu aya anu ngabageakeun kana > kapilihna Hatta Radasa, jadi pupuhu Ikatan Alumni ITB. > Padahal di KUSnet teh pabalatak alumni cap gajah > cindeten (niron istilah ti Mang J). Naha kitu heunteu > nyoblos alias golput? Soalna tina 40 rewu alumni, anu > nyoblos ngan 9 rewuan. > > Ur

