Lamun urang maca buku bacaeun barudak urang Sunda, boh ti beh ditu mula, contona buku Rusdi jeung Misnem, anu dicaritakeun ngan saukur sabudeureunana, kitu deui dina buku Gandasari. Pola carita samodel kitu sigana can robah tug nepi ka kiwari, sanajan aya parobahan ge kacida saeutikna. Nu dimaksud parobahan teh upamana dina "view" anu kabaca. Lain deui lamun urang maca buku komik Jepang samisal kapten Tsubasha, lain bae ngan sakadar maen bal jeung sabaladna tapi deuih boga visi anu leuwih jembar nepi ka aya kahayang main jeung kleub ti Brazil, malah ceuk beja jolna buku Kapten Tsubasha teh mere sumanget ka bangsa Jepang sangkan nguniang bisa ngalalakon dina Piala Dunia. Memang aya dina carita buku Sunda ge anu nyaritakeun hal maen bal tapi kapan ngan saukur jeung kasawelasan antar kampung, terus eureun euweuh tuluyna. Kitu deui lamun lalajo carita Avatar, budak leutik anu boga visi hayang nyalametkeun dunya ( hampura bisi salah, lantaran lalajona ngan saukur saliwat saliwat). Dina carita barudak Sunda can aya anu bisa dijadikeun "hero", anu bisa ngeusian imajinasi barudak jaman kiwari. KDKBK (Kelompok Diskusi Kota Bandung Kidul), pangna disebut Bandung Kidul pedah we padumukan para aktivis teh ayana di beulah kidul, nu ngayakeun diskusi leuleutikan bulanan, tempatna nguriling di anu daek katempatan, nu ngiluan diskusi ge teu loba ukur limaan atawa genepan, diantarana kuring, Irfan Amalee, Iip D Yahya, Dian Hendrayana, Dadi P Danusubrata jeung aya deui duaan budak ngora, nyobaan mere pilihan nyaeta rek ngajagokeun Wastu. Wastu teh Wastukancana dina sajarah Sunda, dina sababaraha catetan sajarah kungsi aya carita jaman keur leutikna, sanggeus ditinggal ku ibu/ramana jeung ku lanceukna anu tiwas di Bubat, terus dirorok ku emangna nyaeta Bunisora Suradipati. Waktu ditilar ku kolotna umurna kakara 9 taun, terus dijenengkeun jadi raja dina umur 23 taun. Tah salila ngalalana samemeh jadi raja ieu aya kasempetan keur diropea jadi carita bacaeun barudak Sunda. Dina buku Wastukancana Yosep Iskandar, aya episode diculik ti karaton ku Rakean Hujung, maksudna diculik teh sabenerna cara rerencepan pikeun ngawarah Wastu di Binayapanti, sabenerna Rakean Hujung nyulikna teh sakanyaho Bunisora, eta mah pikeun miceun salasah sabab tempat anu disebut Binayapanti teh tempat paguron anu dirasiahkeun sabab didinya digemblengna para balamati. Jeung deuih lamun maca dina sajarah Wastukancana raja anu panglilana jadi raja leuwih ti saratus taun, kaayaan nagara teu kasebut pacogregan, teu kasebut loba karaman, Wastu geus bisa nyingkahan dendam jadi gawe anu hade. Ngan siga kumaha ari tangtungan Wastu, kumaha papakeanan keur leutik, kajadian naon bae anu kungsi dilakonan salila nyiar elmu, hal ieu anu keur dileukeunan dikorehan. Lamun geus manggih jeung geus panceg kakara rek medal anu diluluguan Kang Irfan Amalee, pedah inyana aya di Mizan di divisi animasi kaasup komik jeung boga pangalaman dina widangna. Duka teuing medalna dina wangun kumaha can bisa kagambarkeun siga kumaha. Ayeuna mah kakara mere pilihan ngajagokeun Wastu. Bilih baraya sadayana aya pamendak anu sanes, mangga diantos pisan.
MSasmita

