Wilujeng Ua Sas,

Nya ieu pisan anu dimaksud dina usulan kang Wahyu Wibisana sangkan 
nyieun ikon anyar anu karakterna ngagambarkeun Urang Sunda 
picontoeun atawa tuladaneun. Hal ieu kungsi ditepikeun ka milist 
minangka laporan tin Forum Group Discussion (FGD) JAbar 2007 widang 
Kabudayaan, sakumaha dina massage nomer 119517 ieu milist (tiasa 
ditoong di:http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/119517)

Harita, Kang Wahyu madungdengkeun jejer sarupa kitu dina raraga 
mairan ka sagolongan Urang Sunda (US) anu ngusulkeun sangkan ikon 
budaya urang dina tangtungan tokoh Si Kabayan dirobah karakterna. 
Beh jauhna, hal ieu pakait jeung hiji kajadian Presiden Indonesia 
ayeuna, Pak SBY tea anu kungsi menta dipintonkeun lalakon si Kabayan 
dina hiji acara Nasional minangka wawakil ti Tatar Sunda (Jabar). 
Patali jeung hal eta, loba US anu ngomentaran yen Si Kabayan teu 
pantes dijadikeun gambaran wawakil US, sabab. loba carita Si Kabayan 
anu eusina ngebrehken Si Kabayan anu pamalesan. Kukituna, eta 
sagolongan US teh ngusulkeun sangkan tokoh si Kabayan diganti 
karakterna (sing sarwa alus, singgetna : picontoeun).

Kang Wahyu harita, dina forum FGD, ngusulkeun sangkan ulah ngarobah 
tokoh si Kabayan, keun wae sina sakumaha ayana minangka hasil kreasi 
budaya US. Tapi, saur kang Wahyu kurang leuwih harita, US kudu 
kreatif nyieun tokoh anu anyar anu karakterna sing sarwa hade alias 
picontoeun tea anu eta tokoh teh dikali (BInd: digali) tina akar 
budaya US keneh. Harita kang Wahyu ngusulkeun salah sahiji ngaran 
pikeun eta tokoh teh nyaeta "Mundinglaya". 

Komentar si kuring dina laporan FGD sakumaha dina arsip massage di 
luhur persis saperti guaran Ua Sas: Urang Jepang, bakat ku hayang 
jadi jawara maen bal sadunya nepi ka nyieun carita "Kapten Tsubasa". 
Hasilna, teu mengpar-mengpar teuing.

Kacida ngrojongna lamun aya ti kelompok KDKBK anu dilaporkeun ku Ua 
Sas dihandap ieu aya usulan sangkan tokoh anu dimaksud dina jejer 
carita satanding jeung kapten Tsubasa diaranan "Wastu". Asa leuwih 
pas aran "Wastu" tinimbang "Mundinglaya", kusab singget jeung 
tatapakanana kacatet dina sasajara. Tapi, lamun arek duanana 
("Wastu" jeung "Mundinglaya") jadi ikon anyar tokoh Sunda 
tuladaneun, aya hadena oge, meh loba pilihaneun. 

Bisa wae, upamana, "Wastu" keur nokohkeun US anu jadi pamimpin teh 
anu geus ngahontal hambalan "kaprabuan" (dina runtuyan ti handap 
nepi ka pangluhurna: Raja-Ratu-Prabu) dina mangsa keur budak nepi ka 
nonoman. Sedengkeun, Mundinglaya keur fragmen nalikan ieu tokoh geus 
hasil nepungan jatidirina tur niat turun deui ka bumi pikeun mawa 
rahayatna babarengan ngahontal kabagjaan hirup. Kukituna, Wastu 
jeung Mundinglaya teh eta-eta keneh (Hehehe, jadi inget ka Mh: Tilu 
Sapmulu, Dua Sakarupa, Nu Hiji Eta keneh Eta keneh).

Cag.
Baktosna,
manAR  


--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Lamun urang maca buku bacaeun barudak urang Sunda, boh ti beh ditu 
mula, contona buku Rusdi jeung Misnem, anu dicaritakeun ngan saukur 
sabudeureunana, kitu deui dina buku Gandasari.
> Pola carita samodel kitu sigana can robah tug nepi ka kiwari, 
sanajan aya parobahan ge kacida saeutikna. Nu dimaksud parobahan teh 
upamana dina "view" anu kabaca. 
> Lain deui lamun urang maca buku komik Jepang samisal kapten 
Tsubasha, lain bae ngan sakadar maen bal jeung sabaladna tapi deuih 
boga visi anu leuwih jembar nepi ka aya kahayang main jeung kleub ti 
Brazil, malah ceuk beja jolna buku Kapten Tsubasha teh mere sumanget 
ka bangsa Jepang sangkan nguniang bisa ngalalakon dina Piala Dunia. 
Memang aya dina carita buku Sunda ge anu nyaritakeun hal maen bal 
tapi kapan ngan saukur jeung kasawelasan antar kampung, terus  
eureun euweuh tuluyna. Kitu deui lamun lalajo carita Avatar, budak 
leutik anu boga visi hayang nyalametkeun dunya ( hampura bisi salah, 
lantaran lalajona ngan saukur saliwat saliwat).
> Dina carita barudak Sunda can aya anu bisa dijadikeun "hero", anu 
bisa ngeusian imajinasi barudak jaman kiwari.
> KDKBK (Kelompok Diskusi Kota Bandung Kidul), pangna disebut 
Bandung Kidul pedah we padumukan para aktivis teh ayana di beulah 
kidul, nu ngayakeun diskusi leuleutikan bulanan, tempatna nguriling 
di anu daek katempatan, nu ngiluan diskusi ge teu loba ukur limaan 
atawa genepan, diantarana kuring, Irfan Amalee, Iip D Yahya, Dian 
Hendrayana, Dadi P Danusubrata jeung aya deui duaan budak ngora, 
nyobaan mere pilihan nyaeta rek ngajagokeun Wastu.
> Wastu teh Wastukancana dina sajarah Sunda, dina sababaraha catetan 
sajarah kungsi aya carita jaman keur leutikna, sanggeus ditinggal ku 
ibu/ramana jeung ku lanceukna anu tiwas di Bubat, terus dirorok ku 
emangna nyaeta Bunisora Suradipati. Waktu ditilar ku kolotna umurna 
kakara 9 taun, terus dijenengkeun jadi raja dina umur 23 taun. Tah 
salila ngalalana samemeh jadi raja ieu aya kasempetan keur diropea 
jadi carita bacaeun barudak Sunda. 
> Dina buku Wastukancana Yosep Iskandar, aya episode diculik ti 
karaton ku Rakean Hujung, maksudna diculik teh sabenerna cara 
rerencepan pikeun ngawarah Wastu di Binayapanti, sabenerna Rakean 
Hujung nyulikna teh sakanyaho Bunisora, eta mah pikeun miceun 
salasah sabab tempat anu disebut Binayapanti teh tempat paguron anu 
dirasiahkeun sabab didinya digemblengna para balamati.
> Jeung deuih lamun maca dina sajarah Wastukancana raja anu 
panglilana jadi raja leuwih ti saratus taun, kaayaan nagara teu 
kasebut pacogregan, teu kasebut loba karaman, Wastu geus bisa 
nyingkahan dendam jadi gawe anu hade.
> Ngan siga kumaha ari tangtungan Wastu, kumaha papakeanan keur 
leutik, kajadian naon bae anu kungsi dilakonan salila nyiar elmu, 
hal ieu anu keur dileukeunan dikorehan.
> Lamun geus manggih jeung geus panceg kakara rek medal anu 
diluluguan Kang Irfan Amalee, pedah inyana aya di Mizan di divisi 
animasi kaasup komik jeung boga pangalaman dina widangna. Duka 
teuing medalna dina wangun kumaha can bisa kagambarkeun siga kumaha.
> Ayeuna mah kakara mere pilihan ngajagokeun Wastu.
> Bilih baraya sadayana aya pamendak anu sanes, mangga diantos pisan.
> 
> MSasmita
>


Kirim email ke