Wa'alaikum salam wr. wb,

Abdi, Hikma, kapungkur waktos SMP kantos ngiring
rampak sekar kaleresan laguna eta. Asanamah abdi rada
emut sakedik2 kana 2lagu perjuangan tadi, punten wae
bilih lepat atanapi beda versi. Nyanggakeun, 
1. "SABILULUNGAN"
   Sabilulungan, dasar gotong royong
   Sabilulungan, sifat silih rojong
   Sabilulungan, genteng ulah potong
   Sabilulungan, persatuan tembong
   Reff : Tohaga... Rohaga...
          Teguh tanggoh perbawa kasauyunan
          Sadia ... Sajiwa..
          Segut singkil ngabasmi pasalingsingan

2. "TEU HONCEWANG"
   Teu honcewang, sumoreang, 
   Tekadna pahlawan bangsa
   Cadu mundur,pantang mulang, 
   Mun maksud tacan laksana
   Berjuang keur lemah cai, 
   Tali bakti tur tenggang pati
   Taya basa menta pamulang tarima
   Ikhlas Rido keur korban merdeka

3. "17 Agustus"
   17 Agustus taun opat lima
   puncakna revolusi sakti
   Ngancurkeun rante penjajahan bangsa
   Berjuang nanjeurkeun Indonesia merdeka
   Reff : Nusa.. Waluya ... Rahayu ... Bangsa..
          Basa ... Walagri ...
          Wibawa nagri

Cag, Hikma


      
____________________________________________________________________________________
Be a better sports nut!  Let your teams follow you 
with Yahoo Mobile. Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/sports;_ylt=At9_qDKvtAbMuh1G1SQtBI7ntAcJ

Kirim email ke