Kang Kumi ieu mah mung saukur "klu" keur urang tangtuna anu boga kapentingan 
kana nambah bukti-bukti legana wewengkon Pajajaran jaman baheula. Ieu monumen 
(tugu) teu pati diekspose ku urang wetan mah da meureun teu aya hartina malah 
bisa-bisa jadi bumerang keur reputasi sajarah Majapait anu diagung-agungkeun 
yen eta karajaan geus ngawasa nusantara. Padahal bukti sajarahna mah pan 
heunteu kitu, aya jejak pengaruh budaya tapi lain hartina ngawasa; contona mah 
aya budaya amerika/barat anu dianut diurang (indonesia) dina sagala widang, 
kuliner, pakean, politik, ekonomi, pendidikan jrrd tapi lain hartina urang 
dikawasa ku manehna. kitu deui pangaruh jawa di nusanatara lain hartina 
nusantara dikawasa ku hiji karajaan. Tah kukituna tah ieu tugu teh ka tutup ku 
sikap politik kalangan elit wungkul awalna mah tapi kadieunakeun sumebar 
dikalangan cacah terus muncul fanatisme jeung fundamentalisme komunistas anu 
ngagulkeun/ngultuskeun hiji tokoh anu aneh naha lain tokoh rajana tapi patihna 
anu ceuk sareat mah pan patih teh sahandapeun raja anu kudu nurut ka raja, 
hartina lamun patih teu tumut ka raja manehna geus hianat ka raja. Hianat ka 
raja anu ngabularkeun bubarna karajaan anu sakitu gedena jeung majuna dina 
jaman harita, ceuk uing mah eta lain dosa leutik. Tapi dibungkus ku kemasan 
politik mah rakyat bisa pangling jeung linglung teu nyaho mana nu saetuna nepi 
ka ayeuna, basa maranehna dituduhkeun aya tugu dipakaranganana maneh api-api 
teu nyaho jeung teu malire untuk henteu dibongkar atawa dikubur ge. 

Tapi ketang tong ambon heula sabab eta tugu can ditalungtik soson-soson,  bisa 
wae hipotesa ahli walanda teh salah. Perkara gamabrna mah keun engke ari balik 
ka semarang urang dipaksakeun nglampreng ka belah dinya. 

wass.


  ----- Original Message ----- 
  From: kumincir 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, November 26, 2007 4:17 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Tugu wates belah wetan Pajajaran


  Hanjakal deuih, anu ditembongkeun dina artikelna teh kalah kerisna, lain 
tuguna. Heuheu...

Kirim email ke