Kacida katajina ku informasi ieu, Kang Dudi (bari rurat-reret, sieun aya Mh ngagebes :)). Hiji mangsa mah hayang luha-loho ka eta patempatan. Iraha nya? sugan aya baraya anu sapamaksudan, urang babarengan. Itung-itung zaroh wae.
manAR --- In [email protected], "dudi_ss" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Kumi ieu mah mung saukur "klu" keur urang tangtuna anu boga kapentingan kana nambah bukti-bukti legana wewengkon Pajajaran jaman baheula. Ieu monumen (tugu) teu pati diekspose ku urang wetan mah da meureun teu aya hartina malah bisa-bisa jadi bumerang keur reputasi sajarah Majapait anu diagung-agungkeun yen eta karajaan geus ngawasa nusantara. Padahal bukti sajarahna mah pan heunteu kitu, aya jejak pengaruh budaya tapi lain hartina ngawasa; contona mah aya budaya amerika/barat anu dianut diurang (indonesia) dina sagala widang, kuliner, pakean, politik, ekonomi, pendidikan jrrd tapi lain hartina urang dikawasa ku manehna. kitu deui pangaruh jawa di nusanatara lain hartina nusantara dikawasa ku hiji karajaan. Tah kukituna tah ieu tugu teh ka tutup ku sikap politik kalangan elit wungkul awalna mah tapi kadieunakeun sumebar dikalangan cacah terus muncul fanatisme jeung fundamentalisme komunistas anu ngagulkeun/ngultuskeun hiji tokoh anu aneh naha lain tokoh rajana tapi patihna anu ceuk sareat mah pan patih teh sahandapeun raja anu kudu nurut ka raja, hartina lamun patih teu tumut ka raja manehna geus hianat ka raja. Hianat ka raja anu ngabularkeun bubarna karajaan anu sakitu gedena jeung majuna dina jaman harita, ceuk uing mah eta lain dosa leutik. Tapi dibungkus ku kemasan politik mah rakyat bisa pangling jeung linglung teu nyaho mana nu saetuna nepi ka ayeuna, basa maranehna dituduhkeun aya tugu dipakaranganana maneh api-api teu nyaho jeung teu malire untuk henteu dibongkar atawa dikubur ge. > > Tapi ketang tong ambon heula sabab eta tugu can ditalungtik soson- soson, bisa wae hipotesa ahli walanda teh salah. Perkara gamabrna mah keun engke ari balik ka semarang urang dipaksakeun nglampreng ka belah dinya. > > wass. > > > ----- Original Message ----- > From: kumincir > To: [email protected] > Sent: Monday, November 26, 2007 4:17 PM > Subject: Re: [Urang Sunda] Tugu wates belah wetan Pajajaran > > > Hanjakal deuih, anu ditembongkeun dina artikelna teh kalah kerisna, lain tuguna. Heuheu... >

