Kuring sapuk kana pedaran anu didugikeun kang Enjum.
tren kapayun, rupina "kesatuan regional" janten hiji
kanyataan anu kedah enggal "diantisipasi". Uni Eropa,
Pasar Bersama ASEAN, salah sawios tina pangaruh
globalisasi. Upami Uni Eropa gaduh Euro, mata uang
bersama, ceuk cenah ASEAN oge gaduh gagasan ngadamel
hiji mata uang bersama anu berlaku di wewengkon nagara
anggota ASEAN.
Kondisi ieu, tangtos aya pangaruh kana aspek budaya
masing-masing nagara. Manghanjakalkeun, dugi ka ayeuna
asana teh di paguron luhur teu aya lembaga anu hususon
nalungtik perkawis kasenian sareng budaya nagara
ASEAN. Seuseueurna, anu ditalungtik teh dina perkawis
pulitik sareng ekonomi.
Salah sawios contona, kapungkur masyarakat urang mani
kasengsem ku grup band AMI, atanapi neng Siti
Nurhaliza, ti nagri jiran. Sikep para "penggiat"
kasenian di urang, heunteu naon-naon. Tapi ayeuna
masyarakat nagri jiran, kasengsem kana lagu-lagu grup
band ti Indonesia (sapertos, Nidji, Peterpan, ssjb),
para "penggiat" musik di nagri jiran, wanti-wanti ka
masyarakatna sangkan micinta grup musik nagri
sorangan.
baktos,
mrachmat Uidipura
--- jm_hndsm <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> di jaman kiwari, jaman ngahargaan hak cipta jeung
> intelektual, aya
> keneh nya bangsa model kitu, kahareup di era jaman
> globalisasi moal
> aya deui wates wates nagara jeung kabangsaan out of
> racism nu
> ngabedakeun nana ukur mind geografic nyaeta pola
> pikir jeung budaya nu
> dianut ka asup hasil karya cipta. lain keur akuaneun
> tapi keur di
> sumbangkeun kaendahanana kagunaannana keur sakabeh
> umat manusa...
> kasimpulan... malaysial geus teu boga budaya malah
> motekar nyieun
> budaya sorangan nga aluskeun maneh ku barang batur
> ... adean kuda
> beureum tea
>
> Pun enjum
>
>
____________________________________________________________________________________
Be a better sports nut! Let your teams follow you
with Yahoo Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/sports;_ylt=At9_qDKvtAbMuh1G1SQtBI7ntAcJ