punten mun jejer ieu geus kungsi dibahas atawa geus lawas.

urusan nu keur geunjleung soal malaysia nu ngaku2 sababaraha artefak
budaya urang milik maranehna, cenah mah, sabenerna mangrupa kajadian nu
wajar mun urang apal sajarah masarakatna rada beh ditu, tapi acan baheula.

baheulana, loba urang dieu nu ngumbara ka malaysia. urang dieu, bisa
sunda, jawa, jeung sajabana. ngarana urang dieu, tangtu we marawa atawa
baroga akar budaya urang. siga ngaran urang dinya nu sok ngulampreng ka
kusnet, rusli kartawi. si horeng aslina kartawi teh ti kartawinata.
hartina boga akar budaya ti urang. aya nu generasi munggaran, aya nu geus
katurunan kasabaraha.

apan baheula mah cenah loba guru di malaysia nu diimpor ti urang. bisa
jadi sabagian teu mulang, ngababakan di malaysia, jadi urang dinya. geus
lila kitu. salah salima contona, cenah nu ngarintis seni rupa modern di
malaysia teh kawit ti Bogor, he love namina. eta katerangan ti prof.
Setiawan Sabana.

nya meureun teu ngarasa maling da masih keneh bagean ti dirina. ngan
urusanana memang jadi kiruh mun dipatenkeun sagala.

komo make politik budaya mah, yen urang teh sarumpun tea.

cek paoong tukang toong, malaysia baris rada kiruh atalan kabijakan nu
rada ngogo malayu geus karasa kurang adil pikeun seler sejen sarupaning
india jeung cina. kuatna kasultanan memang bisa ngatur sagala rupa, tapi
sisi lain, bisa jadi democracy-in-the making nu ayeuna keur kaalaman ku
urang tepa ka malaysia.

mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com







Kirim email ke