Aya istilah 'plagiarisme terselubung', nyaƩta lamun ngarujuk hiji hal terus
nyebutkeun sumberna, tapi henteu kumplit.
Contona: rumus ieu aya dina buku seratan B.
Langkung leres pami disebat, rumus ieu aya dina buku A karangan B halaman
XYZ.

Tah dina website heritage/turisme Malaysia, cekap disebatkeun Angklung tur
Gamelan Salendro asalna ti Asia Tenggara. Padahal naon sesahna pami diserat
rada detail.

Salam,
Dian.

On 30/11/2007, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

deukeut teuing atuh noongna, upama dimimitian mangsa ngirimkeun guru
mah. eta mah jaman beh dieu. urang malayu, daek teu daek akar budayana
nya ti indonesia, ti jaman karajaan keneh. apan sultan malaya nu
kiwari teh, aya nu asalna ti bugis, aya nu asalna ti minang, oge ti
aceh. eta teh nepi ka kiwari. nu matak lagu kaulina barudakna oge, nya
teu saeutik nu sarua jeung di lembur urang, utamana ti sumatra. malah
mun rek ditoong arsitektur imahna, apan di nagri sembilan mah persis
rumah gadang ti minang. kitu deui imah pendudukna ampir sarua jeung
imah baraya urang ti palembang, ti banjar boneo kidul. imah panggung
kolong jangkung tina kai. (mh)

Kirim email ke