On 11/30/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>  apan baheula mah cenah loba guru di malaysia nu diimpor ti urang. bisa
>  jadi sabagian teu mulang, ngababakan di malaysia, jadi urang dinya. geus
>  lila kitu. salah salima contona, cenah nu ngarintis seni rupa modern di
>  malaysia teh kawit ti Bogor, he love namina. eta katerangan ti prof.
>  Setiawan Sabana.
>
deukeut teuing atuh noongna, upama dimimitian mangsa ngirimkeun guru
mah. eta mah jaman beh dieu. urang malayu, daek teu daek akar budayana
nya ti indonesia, ti jaman karajaan keneh. apan sultan malaya nu
kiwari teh, aya nu asalna ti bugis, aya nu asalna ti minang, oge ti
aceh. eta teh nepi ka kiwari. nu matak lagu kaulina barudakna oge, nya
teu saeutik nu sarua jeung di lembur urang, utamana ti sumatra. malah
mun rek ditoong arsitektur imahna, apan di nagri sembilan mah persis
rumah gadang ti minang. kitu deui imah pendudukna ampir sarua jeung
imah baraya urang ti palembang, ti banjar boneo kidul. imah panggung
kolong jangkung tina kai. (mh)

Kirim email ke