kang, menta alamat kampung budaya sunda anu lengkap
nya? 
ka saha wae nu boga alamat sok alungkeun ka kuring.
--- : boedax angon: : Sat Dec  1 03: 37: [EMAIL PROTECTED],
[EMAIL PROTECTED];;;;;,
":: boedax angon ::" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

>   Ka Kampung Budaya Sunda Sindangbarang yu!
>   http://balebat-online.com
>      
>             Poe saptu ceuk cenah mah poe keur
> ngeungeunahna mamalesan sare atawa ngareureuhkeun
> kacape ku pacabakan sapopoe. Tapi lain pacabakan nu
> sacabak-cabak na tapi pagawean nu rutinitas ti poe
> senen nepi ka juma’ah. Tapi da ilaharna mah mun poe
> saptu teh sok dipake keur ngaprak kukulibeukan di
> kota bogor, geus puguh mah kost di bogor teh kaasup
> lila geus aya kanu dalapan tahunan, jeung na deui
> tempat na teh strategis deui sok komo bisa ngeceng
> ka kampus tatangga nyaeta UNPAK tea, tapi anggeur
> weh masih hese, hehehe. Sok komo di payuneun kampus
> tercinta teh kiwari geus ngajegleg hiji pusat mall
> pang badagna cenah di Bogor teh, nu diaranan ceuk
> barudak bogor mah BOKER, eit lain miceun atawa BAB
> ieu teh singketan tinu Botani Square, jeung deui aya
> embel-embelan IPB na, tapi anggeur weh mall teh
> euweuh pisan aya patula-patalina jeung pertanian nu
> aya mah Insitut Permallan Bogor mereun heuheu.
>               Pas jam dalapan isuk-isuk teh geus aya
> babaturan ka kostan teh, maranehna deuk nanyakeun
> ngeunaan GIS. Nya satadina mah deuk ka Festival Batu
> tulis nu tempatna di Balai Sartika tea. Antukna kudu
> mere pencerahan heula ka babaturan teh sakalian
> Braindstorming lah ngeunaan GIS teh. Teu lila
> sanggues rengse babaturan teh baralik deui ka
> Jakarta tapi nyimpang heula ka warung sangu Mang
> Ocid. Ceuk kuring sok nyebut ka tukang sangu teh, da
> manehna asalna ti Tasik, sok komo geus lila akrab
> jeung deui mun dahar kawarung teh teu mahal-mahal
> pisan . Bayangkeun weh mun dahar jeung hayam goreng
> plus semur jengkol tambahan kurupuk jeung goreng
> tahu nang kudu nawur lima rebuan, beda amat mun
> urang dahar di Warteg atawa Rumah makan di Jakarta,
> Cape dech.
>               Ari babaturan mah mun ka Mang Ocid teh
> tara poho lauk na teh jeung tongkol nu semu beureum,
> teuing warna beureum teh ku cabe teuing ku cengek.
> Jeung na deui si babaturan teh teu poho tongkol
> jeung telor nu didadar tambah tahu jadi weh 4t tea.
> Heheheh. Ku sabab geus biasa dahar di Mang Ocid mun
> urang meuli atawa nyiuk sangu teh biasa weh
> prasmanan, da sangu hiji teh diukurna satengah, sok
> komo mun deuk dibungkus sangu teh ukuran batur mah
> satengah ka urang-urang mah hiji da maklum budak
> kostan tea. Heheeh
>               Sanggeus daang di Mang Ocid, kuring
> mah langsung ka TKP ka Balai Sartika, ceuk cenah mah
> pa Inoci teh ilu pameran oge, jeung deui manehna
> boga buku-buku heubeul atawa babon nu ceuk urang
> sorangan teu ngarti basana sok komo make basa
> walanda heubeul deui. Ari Pa Inoci mah apal pisan
> sok komo kawas buku-buku si brumund, budding atawa
> naskah-naskah sunda nu aya dinu buku walanda
> ararapal pisan. Satadina mah ka balai sartika teh
> deuk bareung kusabab aya halangan nya rada
> kabeurangan ningan, basa geus nepi kadinya teh geus
> rada tiiseun. Kasaprak weh Ki Dudi, Ki Hendra, jeung
> Ki Hadi keur cacahan. Ari uing mah rada kukurilingan
> heula ningalian saha-saha wae nu miluan pameran teh,
> nya kawas ti kasunanan cirebon, jeung sumedang. Ari
> ka stand na Pa Inoci mah geus puguh tapi ningali teh
> Pa Inoci keur paciweuh loba murid nu tatanya jeung
> tamu.
>               Antukna kuring rada kaluar heula ka nu
> tiluan teh geuning bara rada gura giru jeung rada
> keuseul basa aya budak awewe (hmm geulis seh heheh)
> SMA basa geus meuli es nu dibungkus palastik tea
> ngalungkeun teh sakamana karep, jeung uing rada
> nyeuleutuk “Ih geulis-geulis jorok ..”, bari rada
> surangah serengeh si budak teh indit. Tapi ketang
> sakapeung mun ningali ngalungkeun sakumaha karep
> teh, uing ge sering pisan mun ngaluengkeun runtah
> teh sok komo mun ngaruntah geus ngudud mah asbak teh
> dimana wae, aya aya wae kumaha uing deuk ngadukung
> global wariming tea heuheu.
>               Sanggeus teu lila opatan kaasup uing
> kaluar ti Bale Sartika teh, tuluy weh boga ide
> kumaha mun ayeuna urang ngaliweut di KBS, wah cocok
> pisan sakalian mogor didinya urang ngaliweut. Tapi
> samemeh naek angkot teh, kuring papanggih jeung Mang
> Hasan Djafar tea. Salahsahiji doktor arkeologi nu
> panalungtikan na di Batu Jaya, sok komo jadi ingeut
> basa diajakan ku Pupuhu KBS ka batujaya jeung Pa
> Inochi nang geuningan basa dijugjug kadinya teh
> habeu atwawa bagol ceuk urang citorek mah, keur mah
> jauh jeung waas pisan sawah teh ngaprak basa deuk ka
> batujayana  jeung na deui sok komo hawa laut karasa
> basa asup ka eta candi teh, sing suer asup kadinya
> na oge menta ijin heula ka kuncenna. Laju dinu hiji
> imah tempatna para panalungtik sare teh aya tulisan
> Hasan Djafar, tapi kakarek papanggih ari face to
> face mah, jeung na deui style na teh low-profile,
> ceuk uing teh ngagerentes beda ari jalma nu jero
> elmuna mah, tinu pakean atawa style na mah
> biasa-biasa wae. Basa cacahan
>  sakeudeng teh Mang Hasan teh geus ti Situs Embah
> Mamprang da jarak na teu jauh ti Batu Tulis.
> Sanggeus teu lila pamitan heula bade ka KBS ari
> kuring mah jeung Mang Hendra naek Angkot ari Cep
> Dudi jeung Cep Hade mah naek motor sabab deuk
> balanja heula kaperluan Ngaliweut tea.
>               Sabab poe eta teh poe saptu nya geus
> biasa daerah empang mah rada macet sok komo panas na
> ngabeuleuntrang. Untuk weh si supir teh surti pisan
> neangkeun jalan beurit nu rada lancar. Sanggeus kitu
> kuring turun ti tanjakan empang jeung naek angkot
> deui nu aya tulisan SBR nu ngajeblag, ari ongkosna
> mah lumayan jauh ge nang cukup nawur 2000. sanggeus
> rada aya 15 menitan geus nepi ka Menteng, antuk na
> turun weh didinya. Ceuk cenah mah nu kungsi kadinya
> jalan na teh jauh jeung jore atawa goreng, heheh
> tapi ari ceuk uing mah mun hayang jalan na alus mah
> di kota weh teu kudu kadieu. Jeung deui sanajan
> jalan na jore komo loba batu laleutik, ari pikiranna
> tukang ngaprak mah (kabeneran boga moto jeung Ki
> Dudi “Tukang Ngaprak Anti Ojeg”), jalan sakitu mah
> masih cetek ceuk budak ngora mah, komo deui Pa Inoci
> nu umurna geus aya kapala 6-an mun kadinya teh sok
> leuleumpangan, jeungna deui ari keur uing mah sok
> ngalocotan sandal sabab ngahaja keur pijat refleksi
> jeung
>  ngandeulan kulit suku sabab keur panas
> meumeujeuhna.
>               Teu lila leuleumpangan teh geus nepi
> deui TKP teh, kasaprak basa kadinya teh sararepi
> basa nanya ka Kang Karebet jeung Kang Maki teh cenah
> keur ngaraprak, sabab poe eta aya rombongan ti Ui nu
> jumlah-jamlehna aya 30-an ti Sastra Arab. Ceuk uing
> teh hebat euy UI mah, ari paguron luhur nu geus
> dumuk mah di bogor kawas IPB atawa UNPAK jarang
> pisan miluan kagiatan kawas kitu, paling-paling oge
> mun aya teh basa Seren Taun Doank, jeung na deui
> panan Pertanian tapi aneh pisan. Balik deui ka KBS
> geus kasaprak nu balanja keu ngaliweut teh geus
> daratang, naha basa ditingali teh meuli beas dua
> ltr, peutey aya kanu lima papan mah, peda aya kanu
> 8-an, lauk teri, kacang panjang, bumbu-bumbu jeung
> kurupuk sakarung plastik (lain karung beas).
>               Da geus niat deuk nare di KBS teh,
> uing mah sok dibere jatah imah ku Pupuhu teh,
> kabeneran basa eta mah nu nare teh rada teu loba
> jadi aya imah kokolot nu panghadapna nu masih
> kosong, satadina mah sanajan pinuh ge da geus biasa
> bisa sare di imah gede atawa sare di bale
> pangriungan dan geus diniatan deuk ngaliweut tea.
> Teu kungsi lila rombongan ti UI teh geus daratang,
> hmm ari nu jadi penunjuk na mah nu biasa nyaeta Teh
> Agi, jeung Kang Mufti ditambahan nu anyar Teh Ade
> (hmm jeung hiji deui poho ngaranna). Sanggeus rada
> jam 10-an tim evakuasi Liwuet geus dimimitian,
> kusabab teu mawa loba barang kawas panci jeung
> panggorengan antukna mah minjeum ka Pa Ata.
>               Ari kuring tea sok resep pusak-pasak
> komo kari am mah. Nya antukna mimiti mah urang
> ngahurungkeun heula hawu na, bari suluhna make awi
> nang nyacar. Tapi satadinamah geus meuli lisah tanah
> keur ngahurungkuen na tapi kusabab hayang bisa
> ngahurungkuen na cara kolot baheula antukna diajar.
> Mimitina mah kayu nang nyacar dipisah-pisah laju
> dihurungkuen, ningan ahirna mah hurung seuneuna teh.
> Laju weh kuring nyisikan sangu nu saleter tea, jeung
> na deui pancina na teh rada leutik. Ari nu lianna
> mah keur motongan bawang jeung sejenna, ceuk cenah
> mah deuk mencok sagala. Sanggeus kitu si panci di
> teundeun di luhurun hawu, bari make seeng di
> sahandapeun panci teh keur meuleum peda jeung
> peuteuy tea. Sanggeus teu lila pencok jeung beuelum
> peda mah asak tapi ari teri tadina mah deuk di
> goreng tapi kusabab euweuh minyakna antukna di
> simpen weh, tapi ari liwuetna rada lila asakna,
> teuing pedah beas na loba teuing jeung pancina
> leutik kitu, huehueu. Tapi antukna mah jam 12-an
>  si lieweutna asak, da ambeuna beda.
>               Nya samemehna geus tatahar nengan daun
> cau, nu alus keneh laju weh di beuelum heula di
> luhur hawu sanggeus kitu di amparkeun jadi tempat
> liweut tea. Jeung basa di burulukeun kanu amparan
> daun cau teh seungit liweutna matak nambah
> kukurubukan beuteng sok komo tengah peuting
> jemplang-jempling di luhur gunung. Si Liweutna teu
> poho kerakna rada di tambul da eta nu ajib na mah.
> Satadinamah palalaur teu beak liweut teh da nu daang
> na opatan tapi ningan aya tanaga bala bantuan ti
> kokolot KBS . Barang kitu teh bareng-bareng weh
> ngarawu liweut teh sok komo peda nu nang meuleum mah
> ditambah peuteuy beleum jeung pencok, ditubruk weh
> ku kurupuk na, jeung disorodotan ku Ci enteh haneut.
> Antukna mah si liweut teh beak, bari rada lada ku
> pencok uing mah rada seuhah, teuing pedah uing loba
> teuing cabe na kitu. Hihihi. Sanggeus beak liweut
> teh di tambahan ku ngudud heula sokam sabatang,
> sanggeus kitu rada ngobrol jeung urang tasik nu geus
> lila cicing di Sindang Barang bari
>  nyoreang manehna basa kajadian Gunung Galunggung
> Bitu. Nya teu kungsi lila jam 2-an waktu na sare,
> jeung na deui hawa gunung mimiti nyeuleuceup.
>               Basa jam tujuhan isuk uing opatan boga
> acara ngaprak deui, satadinamah deuk neangan jalan
> nu 
=== message truncated ===



      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke