Wah resep pisan karek maca ge...lajeng kang ngaprak2na sareng seratanana ulah 
hilap. Geus kolot mah loba ieu itu hese milu apruk2an.

(jeung deuih bisi ngariweuhkeun mun teu kuat piraku menta digandong he..he....)
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: :: boedax angon :: <[EMAIL PROTECTED]>
To: [EMAIL PROTECTED]; [email protected]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL 
PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
Sent: Saturday, December 1, 2007 6:37:34 PM
Subject: [Urang Sunda] Ka Kampung Budaya Sunda Sindangbarang yu!

Ka Kampung Budaya Sunda Sindangbarang yu!
http://balebat- online.com
 
            Poe saptu ceuk cenah mah poe keur ngeungeunahna mamalesan sare 
atawa ngareureuhkeun kacape ku pacabakan sapopoe. Tapi lain pacabakan nu 
sacabak-cabak na tapi pagawean nu rutinitas ti poe senen nepi ka juma’ah. Tapi 
da ilaharna mah mun poe saptu teh sok dipake keur ngaprak kukulibeukan di kota 
bogor, geus puguh mah kost di bogor teh kaasup lila geus aya kanu dalapan 
tahunan, jeung na deui tempat na teh strategis deui sok komo bisa ngeceng ka 
kampus tatangga nyaeta UNPAK tea, tapi anggeur weh masih hese, hehehe. Sok komo 
di payuneun kampus tercinta teh kiwari geus ngajegleg hiji pusat mall pang 
badagna cenah di Bogor teh, nu diaranan ceuk barudak bogor mah BOKER, eit lain 
miceun atawa BAB ieu teh singketan tinu Botani Square, jeung deui aya 
embel-embelan IPB na, tapi anggeur weh mall teh euweuh pisan aya 
patula-patalina jeung pertanian nu aya mah Insitut Permallan Bogor mereun 
heuheu.
            Pas jam dalapan isuk-isuk teh geus aya babaturan ka kostan teh, 
maranehna deuk nanyakeun ngeunaan GIS. Nya satadina mah deuk ka Festival Batu 
tulis nu tempatna di Balai Sartika tea. Antukna kudu mere pencerahan heula ka 
babaturan teh sakalian Braindstorming lah ngeunaan GIS teh. Teu lila sanggues 
rengse babaturan teh baralik deui ka Jakarta tapi nyimpang heula ka warung 
sangu Mang Ocid. Ceuk kuring sok nyebut ka tukang sangu teh, da manehna asalna 
ti Tasik, sok komo geus lila akrab jeung deui mun dahar kawarung teh teu 
mahal-mahal pisan . Bayangkeun weh mun dahar jeung hayam goreng plus semur 
jengkol tambahan kurupuk jeung goreng tahu nang kudu nawur lima rebuan, beda 
amat mun urang dahar di Warteg atawa Rumah makan di Jakarta, Cape dech.
            Ari babaturan mah mun ka Mang Ocid teh tara poho lauk na teh jeung 
tongkol nu semu beureum, teuing warna beureum teh ku cabe teuing ku cengek. 
Jeung na deui si babaturan teh teu poho tongkol jeung telor nu didadar tambah 
tahu jadi weh 4t tea. Heheheh. Ku sabab geus biasa dahar di Mang Ocid mun urang 
meuli atawa nyiuk sangu teh biasa weh prasmanan, da sangu hiji teh diukurna 
satengah, sok komo mun deuk dibungkus sangu teh ukuran batur mah satengah ka 
urang-urang mah hiji da maklum budak kostan tea. Heheeh
            Sanggeus daang di Mang Ocid, kuring mah langsung ka TKP ka Balai 
Sartika, ceuk cenah mah pa Inoci teh ilu pameran oge, jeung deui manehna boga 
buku-buku heubeul atawa babon nu ceuk urang sorangan teu ngarti basana sok komo 
make basa walanda heubeul deui. Ari Pa Inoci mah apal pisan sok komo kawas 
buku-buku si brumund, budding atawa naskah-naskah sunda nu aya dinu buku 
walanda ararapal pisan. Satadina mah ka balai sartika teh deuk bareung kusabab 
aya halangan nya rada kabeurangan ningan, basa geus nepi kadinya teh geus rada 
tiiseun. Kasaprak weh Ki Dudi, Ki Hendra, jeung Ki Hadi keur cacahan. Ari uing 
mah rada kukurilingan heula ningalian saha-saha wae nu miluan pameran teh, nya 
kawas ti kasunanan cirebon, jeung sumedang. Ari ka stand na Pa Inoci mah geus 
puguh tapi ningali teh Pa Inoci keur paciweuh loba murid nu tatanya jeung tamu.
            Antukna kuring rada kaluar heula ka nu tiluan teh geuning bara rada 
gura giru jeung rada keuseul basa aya budak awewe (hmm geulis seh heheh) SMA 
basa geus meuli es nu dibungkus palastik tea ngalungkeun teh sakamana karep, 
jeung uing rada nyeuleutuk “Ih geulis-geulis jorok ..”, bari rada surangah 
serengeh si budak teh indit. Tapi ketang sakapeung mun ningali ngalungkeun 
sakumaha karep teh, uing ge sering pisan mun ngaluengkeun runtah teh sok komo 
mun ngaruntah geus ngudud mah asbak teh dimana wae, aya aya wae kumaha uing 
deuk ngadukung global wariming tea heuheu.
            Sanggeus teu lila opatan kaasup uing kaluar ti Bale Sartika teh, 
tuluy weh boga ide kumaha mun ayeuna urang ngaliweut di KBS, wah cocok pisan 
sakalian mogor didinya urang ngaliweut. Tapi samemeh naek angkot teh, kuring 
papanggih jeung Mang Hasan Djafar tea. Salahsahiji doktor arkeologi nu 
panalungtikan na di Batu Jaya, sok komo jadi ingeut basa diajakan ku Pupuhu KBS 
ka batujaya jeung Pa Inochi nang geuningan basa dijugjug kadinya teh habeu 
atwawa bagol ceuk urang citorek mah, keur mah jauh jeung waas pisan sawah teh 
ngaprak basa deuk ka batujayana  jeung na deui sok komo hawa laut karasa basa 
asup ka eta candi teh, sing suer asup kadinya na oge menta ijin heula ka 
kuncenna. Laju dinu hiji imah tempatna para panalungtik sare teh aya tulisan 
Hasan Djafar, tapi kakarek papanggih ari face to face mah, jeung na deui style 
na teh low-profile, ceuk uing teh ngagerentes beda ari jalma nu jero elmuna 
mah, tinu pakean atawa style na mah biasa-biasa
 wae. Basa cacahan sakeudeng teh Mang Hasan teh geus ti Situs Embah Mamprang da 
jarak na teu jauh ti Batu Tulis. Sanggeus teu lila pamitan heula bade ka KBS 
ari kuring mah jeung Mang Hendra naek Angkot ari Cep Dudi jeung Cep Hade mah 
naek motor sabab deuk balanja heula kaperluan Ngaliweut tea.
            Sabab poe eta teh poe saptu nya geus biasa daerah empang mah rada 
macet sok komo panas na ngabeuleuntrang. Untuk weh si supir teh surti pisan 
neangkeun jalan beurit nu rada lancar. Sanggeus kitu kuring turun ti tanjakan 
empang jeung naek angkot deui nu aya tulisan SBR nu ngajeblag, ari ongkosna mah 
lumayan jauh ge nang cukup nawur 2000. sanggeus rada aya 15 menitan geus nepi 
ka Menteng, antuk na turun weh didinya. Ceuk cenah mah nu kungsi kadinya jalan 
na teh jauh jeung jore atawa goreng, heheh tapi ari ceuk uing mah mun hayang 
jalan na alus mah di kota weh teu kudu kadieu. Jeung deui sanajan jalan na jore 
komo loba batu laleutik, ari pikiranna tukang ngaprak mah (kabeneran boga moto 
jeung Ki Dudi “Tukang Ngaprak Anti Ojeg”), jalan sakitu mah masih cetek ceuk 
budak ngora mah, komo deui Pa Inoci nu umurna geus aya kapala 6-an mun kadinya 
teh sok leuleumpangan, jeungna deui ari keur uing mah sok ngalocotan sandal 
sabab ngahaja keur pijat
 refleksi jeung ngandeulan kulit suku sabab keur panas meumeujeuhna.
            Teu lila leuleumpangan teh geus nepi deui TKP teh, kasaprak basa 
kadinya teh sararepi basa nanya ka Kang Karebet jeung Kang Maki teh cenah keur 
ngaraprak, sabab poe eta aya rombongan ti Ui nu jumlah-jamlehna aya 30-an ti 
Sastra Arab. Ceuk uing teh hebat euy UI mah, ari paguron luhur nu geus dumuk 
mah di bogor kawas IPB atawa UNPAK jarang pisan miluan kagiatan kawas kitu, 
paling-paling oge mun aya teh basa Seren Taun Doank, jeung na deui panan 
Pertanian tapi aneh pisan. Balik deui ka KBS geus kasaprak nu balanja keu 
ngaliweut teh geus daratang, naha basa ditingali teh meuli beas dua ltr, peutey 
aya kanu lima papan mah, peda aya kanu 8-an, lauk teri, kacang panjang, 
bumbu-bumbu jeung kurupuk sakarung plastik (lain karung beas).
            Da geus niat deuk nare di KBS teh, uing mah sok dibere jatah imah 
ku Pupuhu teh, kabeneran basa eta mah nu nare teh rada teu loba jadi aya imah 
kokolot nu panghadapna nu masih kosong, satadina mah sanajan pinuh ge da geus 
biasa bisa sare di imah gede atawa sare di bale pangriungan dan geus diniatan 
deuk ngaliweut tea. Teu kungsi lila rombongan ti UI teh geus daratang, hmm ari 
nu jadi penunjuk na mah nu biasa nyaeta Teh Agi, jeung Kang Mufti ditambahan nu 
anyar Teh Ade (hmm jeung hiji deui poho ngaranna). Sanggeus rada jam 10-an tim 
evakuasi Liwuet geus dimimitian, kusabab teu mawa loba barang kawas panci jeung 
panggorengan antukna mah minjeum ka Pa Ata.
            Ari kuring tea sok resep pusak-pasak komo kari am mah. Nya antukna 
mimiti mah urang ngahurungkeun heula hawu na, bari suluhna make awi nang 
nyacar. Tapi satadinamah geus meuli lisah tanah keur ngahurungkuen na tapi 
kusabab hayang bisa ngahurungkuen na cara kolot baheula antukna diajar. 
Mimitina mah kayu nang nyacar dipisah-pisah laju dihurungkuen, ningan ahirna 
mah hurung seuneuna teh. Laju weh kuring nyisikan sangu nu saleter tea, jeung 
na deui pancina na teh rada leutik. Ari nu lianna mah keur motongan bawang 
jeung sejenna, ceuk cenah mah deuk mencok sagala. Sanggeus kitu si panci di 
teundeun di luhurun hawu, bari make seeng di sahandapeun panci teh keur meuleum 
peda jeung peuteuy tea. Sanggeus teu lila pencok jeung beuelum peda mah asak 
tapi ari teri tadina mah deuk di goreng tapi kusabab euweuh minyakna antukna di 
simpen weh, tapi ari liwuetna rada lila asakna, teuing pedah beas na loba 
teuing jeung pancina leutik kitu, huehueu. Tapi
 antukna mah jam 12-an si lieweutna asak, da ambeuna beda.
            Nya samemehna geus tatahar nengan daun cau, nu alus keneh laju weh 
di beuelum heula di luhur hawu sanggeus kitu di amparkeun jadi tempat liweut 
tea. Jeung basa di burulukeun kanu amparan daun cau teh seungit liweutna matak 
nambah kukurubukan beuteng sok komo tengah peuting jemplang-jempling di luhur 
gunung. Si Liweutna teu poho kerakna rada di tambul da eta nu ajib na mah. 
Satadinamah palalaur teu beak liweut teh da nu daang na opatan tapi ningan aya 
tanaga bala bantuan ti kokolot KBS . Barang kitu teh bareng-bareng weh ngarawu 
liweut teh sok komo peda nu nang meuleum mah ditambah peuteuy beleum jeung 
pencok, ditubruk weh ku kurupuk na, jeung disorodotan ku Ci enteh haneut. 
Antukna mah si liweut teh beak, bari rada lada ku pencok uing mah rada seuhah, 
teuing pedah uing loba teuing cabe na kitu. Hihihi. Sanggeus beak liweut teh di 
tambahan ku ngudud heula sokam sabatang, sanggeus kitu rada ngobrol jeung urang 
tasik nu geus lila cicing di
 Sindang Barang bari nyoreang manehna basa kajadian Gunung Galunggung Bitu. Nya 
teu kungsi lila jam 2-an waktu na sare, jeung na deui hawa gunung mimiti 
nyeuleuceup.
            Basa jam tujuhan isuk uing opatan boga acara ngaprak deui, 
satadinamah deuk neangan jalan nu anyar. Sabab track na piraku eta-deui-eta- 
deui alias EDED cape dech. Nya ti Ki Hadi boga ideu kumaha mun ngaprak walungan 
Ciapus, da kabeneran keur saat sok komo di wahangan ieu teh loba batu 
sagede-gede tivi jeung deui kungsi boga ide manehna mun home-industri di 
wewengkon ieu sina nyieunan coet da ari batu mah pabulatak. Sanggeus teu lila 
ngaprak bari ningalian nu keur ngerukan taneuh tinu ieu walungan, dedeuh teuing 
dikerukan kawas ilegal sanding wae. Tapi sanajan kitu ge, basa mapay-mapay 
jalan satapak eh eta mah judul lagu teu kaci, eta mapay-mapay jalan nu 
diliwatan ku treuck loba oge awewe nu utamana mah ibu-ibu nu deuk kasawah bari 
mamawa barangdahareun jeung cai, bari reus ingeut kanu postingan ceuk cenah 
naha enya awewe urang sunda teh malales jeung matre, tapi nu kasekseni ku uing 
mah ningan beda.
            Sanggeus leuleumpangan mapay jalan treuck teh antukna kaluar ti 
jalan urut ngaprak jeung urang bogor tea nu dipupuhuan ku kang asep 
(http://kasundaan. org), abah syam , jeung rengrengan ti komunitas menulis 
bogor. Nya antukna rada leuleumpangan deui nang kusabab geus rada beurang hawa 
na geus teu tiis deui, sok sanajan kitu ge kuring opatan maksa kudu ngaprak 
bari ningalian masarakat didinya keur moe pala, jeung bau pala na karasa. Geus 
teu lila aya kanu satengah jam kurang leuwihan geus nepi ka gate utama dukuh 
menteng didinya rada reureuh heula bari neangan kadaangan, kusabab rada haus, 
menta weh ka tukang warung cihaneut teh, bari di dorong ku kulub hui, ari 
nulianna mah ngadaang sangu huduk.
            Sanggeus beres nya leumpang deui ka KBS teh ceuk cenah mah bakal 
aya tamu deui jam 11-an teh ti Cikarang nu jumlahna aya kanu 80-an. Ceuk bojong 
harewos mah bakal aya kunjungan ti SMA 2 Cikarang. Nya bari rada getol 
buru-buru weh ka imah tempat mogor peuting bari mandi heula sugan weh rada 
cenghar, naha da basa geus dimandian teh ngadadak mata teh rada beurat jeung 
deui leuleus basa ningali ka kamar teh anggeul geus ngagupayan, antukna 
ngaguher weh ngareureuhkeun kacape. Teu kungsi lila aya nu ngomong ceuk cenah 
rombongan teh geus datang, mawa bus AD. Bari rada daligdug hudang rada 
panasaran laju weh ka muru ka bale pangriungan. Tapi aya nu hade pisan 
rombongan teh lain ngaliwatan jalan nu alus atawa nu tarahal nu loba ku batu, 
nu ceuk batur mah cenah ulah kadinya deui sabab jalanna goreng, huehuehu cape 
dech jadi ingeut hiji brand iklan nu mana content na mun disaliwangkeun versi 
uingna kieu mereun. “Bagimu ini mungkin jalannya rusak, tapi
 bagiku ini jalan untuk ngetrack ”hehehe...  
            Nya si rombongan teh ngaliwatan sawah, jeung deui meni reunyeuk 
jeung loba jasa maklum ari barudak tea hese diatur. Nya ari rombongan nu datang 
teh aya dua kalompok antukna panitia, (ari uing panitia lainnya, teuing atuh) 
ngabagi dua kalompok nu hiji sina ka bale pangriungan nu hiji deui ka ajeng. 
Tapi rasa ini (ceuk ST16 tea mah kalompok musik nu keur hype ti Bandung tea) 
antukna kaubaran, jeung deui edas lah barudak SMA ayeuna beda jasa jeung jaman 
uing baheula, wah pokonamah aya nu kakait hiji dua tilu mah heuhue enya da 
emang na ngusep. Jeung na deui salut na teh barudak ti SMA 2 Cikarang ieu beda 
jeung nu lianna, nu mana biasa na mun ngayakeun samodel fieldtrip teh atawa 
jalan-jalan mun teu ka DUFAN atawa Cisarua (bosen pisan), tapi ka kampung 
budaya jeung na deui meun teu salah berarti bener pajabat sakola na teh lain ti 
urang sunda. Mun di ingeut-ingeut mah ari SMA jauh ti bogor daratang, ari nu 
deukuet mah boro-boro datang nyaho ge
 jigana teuing atuh.
 
Cag ach
Tukang ngaprak
[EMAIL PROTECTED] com


Support the World Aids Awareness campaign this month with Yahoo! for Good 



      
____________________________________________________________________________________
Be a better sports nut!  Let your teams follow you 
with Yahoo Mobile. Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/sports;_ylt=At9_qDKvtAbMuh1G1SQtBI7ntAcJ

Kirim email ke