Karawang teh..
duka teu apal.
basa pelajaran Karawang, abdi teu lebet.

-dul-

--- In [email protected], Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Waduuuhhhh manawi teh perkawis peti, gentos heula atuh judulna ku 
karawang. Punten sim kuring mah teu terang karawang, babad karawang 
(gitek karawang?  ) ma'lum da sanes kusnet mania mung kusnet peun.
>  
> Makarya Mawa Raharja
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: shinda neng <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Monday, December 3, 2007 7:39:57 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Peti kanggo Kabuyutan Ciburuy tea.
> 
> sampurasun, aya nu terang para kusnet mania perkawis naon ari 
karawang hartosna sareng sejarah atanapi babad karawang ?????tapi 
punten ulah ceuk buku!!!!!!!! nuhun 
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED] net>
> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
> Sent: Tuesday, December 4, 2007 8:55:46 AM
> Subject: [Urang Sunda] Peti kanggo Kabuyutan Ciburuy tea.
> 
> 
> Ieu mah laporan we ka baraya sadayana, pedah nu ngawitan 
ngunclungkeun ka Kusnet perkawis peti di Kabuyutan Ciburuy tos 
koropok teh sim kuring, teras disantok ku Kang Tirta nu umajak 
sangkan aya "action by prak" ngagentos peti.
> Kamari nampi telepon ti Kang Ukas, Kusnet di Madiun, anu sanggem 
pesen peti kanggo Ciburuy. Peti meh rengse didamel.
> Ngadamel peti teh dua siki ukuranana 50x50x70 cm, pangaosna 550rebu 
sapeti janten jumlah jamleh sajuta saratus rebueun teu acan ongkos 
kirim ka Kabuyutan Ciburuy Garut. Waragad anu tos aya 500rebu eta ge 
sami ti baraya Kusnet keneh teras aya kasanggeman ti Kang Tirta 
kanggo nambihanana, sabaraha-sabarahana mah gumantung Kang Tirta we, 
da teu acan betus. He he.
> Jadwal rengsena eta peti dina minggu ieu, janten elatna pertengahan 
desember ge tos dugi ka Ciburuy, peti enu koropok tangtos tos tiasa 
di gentos.
> Pangna ngadamel peti di Mdiun kahiji mah milari kai jati anu kolot 
tur sae di Bandung rada sesah, anu aya teh siga kai jati ngora, 
sareng katingalna rada cangcaya, malum sim kuring teu patos apal kai 
jati. Kaduana aya kasanggeman ti Kang Ukas anu dumuk di Madiun.
> Kukituna ngahaturkeun nuhun ka Kang Ukas nu tos paciweuh di Madiun, 
atuh teu ka kantun ngahaturkeun nuhun ka Kang Aschev Suraschev, ka 
Kang Tirta, ka Mang J kum we ka baraya sadayana anu tos kersa 
ulubiung dina "Project of Peti Kabuyutan Ciburuy".
> Bilih ieu mah aya baraya anu bade nambihan piwaragadeunana atanapi 
bade sanggem ngakut ti Madiun dugi ka Garut mangga we kontak ka Kang 
Ukas atanapi ka sim kuring ge mangga.
> Ieu wartos hal peti teh tos didugikeun ka Ceu Tien Wartini (filolog 
pangsiunan ti Museum Sribaduga) sareng Kang Hawe ti PSS, Ceu Tien 
sareng Kang Hawe ngahaturkeun nuhun ka baraya Kusnet anu tos neundeun 
katineung kana ngamumule naskah-naskah kuno Sunda nu aya di Kabuyutan 
Ciburuy.
> Manawi we sasieureun sabeunyeureun janten lahan amal kanggo urang 
sadayana. Amin.
>  
> MSasmita
> ukur pipilueun, pedah we dibenum janten koordinator ku kang Tirta. 
heu heu...!! 
>  
>  
>  
> 
> 
> 
> 
> 
> Be a better pen pal. Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. 
See how. 
> 
> 
> 
>       
____________________________________________________________________________________
> Looking for last minute shopping deals?  
> Find them fast with Yahoo! Search.  http://tools.search.yahoo.com/
newsearch/category.php?category=shopping
>


Kirim email ke