1) Karawaan-->Karawang : bis jadi kitu eta asal kecapna. Faktana, 
memang Karawang daerah handap, munasabah lamun baheulana eta 
patempatan teh urut rawa atawa ceuk basa geolna mah "natural levee", 
alias daerah pamiceunan cai tea, leberan banjir ti walungan-walungan 
anu ngaliwatan eta wewengkon (Citarum, jsb).

Fakta sejenna, basa Walanda nyieun jalan raya mimit anu 
ngahubungkeun Anyer jeung Panarukan, liliwatan jalan ti Jakarta ka 
Jawa Tengah teh lain ngaliwatan Karawang, balikta mengkol ti 
Cikampek ka Purwakarta terus ka Bandung-Sumedang-Cirebon-Jateng. 
Ceuk sakaol, sabab musabab ngaliwatan Bandung, lian ti keur muka 
kota pagunungan (nyatana Bandung tea) oge ku sabab lebah Karawang 
rada hese nyieun bagol jalan teh, alatan rawa tea.

2) Kaol anu sejenna: Karawang asal kecap tina "kera beruang" alias 
monyet anu loba duit. Ngan ieu mah caritana rada pajeulit jeung 
metafisika. Ceuk cenah, aya jelema beunghar tapi dina wangun monyet. 
Ieu monyet ngawujud jelema deui nalika dicium ku anu mikaasihna. 
Persis siga dongeng puteri nyieum bangkong tea (ieu dongeng model 
kieu ayeuna, dina tataran tafsirna, geus jadi mata kuliah bisnis di 
sababaraha paguron luhur di luar nagreg).

Cag heula.

manAR 
--- In [email protected], Achmad Sobandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ari pamendak abdi mun teu lepat,,,panginten Karawang teh asal kata 
na tina "rawa,," da kapungkur mah saur urang Karawang,tempatna teh 
siga rawa anu lega pisan,,,kirang langkungna neja 
sihapunten,,Wsslm,,,
> Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          
>   Waduuuhhhh manawi teh perkawis peti, gentos heula atuh judulna 
ku karawang. Punten sim kuring mah teu terang karawang, babad 
karawang (gitek karawang?  ) ma'lum da sanes kusnet mania mung 
kusnet peun.
>  
>   Makarya Mawa Raharja
>   
> 
>   ----- Original Message ----
> From: shinda neng <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Monday, December 3, 2007 7:39:57 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Peti kanggo Kabuyutan Ciburuy tea.
> 
>       sampurasun, aya nu terang para kusnet mania perkawis naon 
ari karawang hartosna sareng sejarah atanapi babad karawang ?????
tapi punten ulah ceuk buku!!!!!!!! nuhun   
> 
>   ----- Original Message ----
> From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED] net>
> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
> Sent: Tuesday, December 4, 2007 8:55:46 AM
> Subject: [Urang Sunda] Peti kanggo Kabuyutan Ciburuy tea.
> 
>       Ieu mah laporan we ka baraya sadayana, pedah nu ngawitan 
ngunclungkeun ka Kusnet perkawis peti di Kabuyutan Ciburuy tos 
koropok teh sim kuring, teras disantok ku Kang Tirta nu umajak 
sangkan aya "action by prak" ngagentos peti.
>   Kamari nampi telepon ti Kang Ukas, Kusnet di Madiun, anu sanggem 
pesen peti kanggo Ciburuy. Peti meh rengse didamel.
>   Ngadamel peti teh dua siki ukuranana 50x50x70 cm, pangaosna 
550rebu sapeti janten jumlah jamleh sajuta saratus rebueun teu acan 
ongkos kirim ka Kabuyutan Ciburuy Garut. Waragad anu tos aya 500rebu 
eta ge sami ti baraya Kusnet keneh teras aya kasanggeman ti Kang 
Tirta kanggo nambihanana, sabaraha-sabarahana mah gumantung Kang 
Tirta we, da teu acan betus. He he.
>   Jadwal rengsena eta peti dina minggu ieu, janten elatna 
pertengahan desember ge tos dugi ka Ciburuy, peti enu koropok 
tangtos tos tiasa di gentos.
>   Pangna ngadamel peti di Mdiun kahiji mah milari kai jati anu 
kolot tur sae di Bandung rada sesah, anu aya teh siga kai jati 
ngora, sareng katingalna rada cangcaya, malum sim kuring teu patos 
apal kai jati. Kaduana aya kasanggeman ti Kang Ukas anu dumuk di 
Madiun.
>   Kukituna ngahaturkeun nuhun ka Kang Ukas nu tos paciweuh di 
Madiun, atuh teu ka kantun ngahaturkeun nuhun ka Kang Aschev 
Suraschev, ka Kang Tirta, ka Mang J kum we ka baraya sadayana anu 
tos kersa ulubiung dina "Project of Peti Kabuyutan Ciburuy".
>   Bilih ieu mah aya baraya anu bade nambihan piwaragadeunana 
atanapi bade sanggem ngakut ti Madiun dugi ka Garut mangga we kontak 
ka Kang Ukas atanapi ka sim kuring ge mangga.
>   Ieu wartos hal peti teh tos didugikeun ka Ceu Tien Wartini 
(filolog pangsiunan ti Museum Sribaduga) sareng Kang Hawe ti PSS, 
Ceu Tien sareng Kang Hawe ngahaturkeun nuhun ka baraya Kusnet anu 
tos neundeun katineung kana ngamumule naskah-naskah kuno Sunda nu 
aya di Kabuyutan Ciburuy.
>   Manawi we sasieureun sabeunyeureun janten lahan amal kanggo 
urang sadayana. Amin.
>    
>   MSasmita
>   ukur pipilueun, pedah we dibenum janten koordinator ku kang 
Tirta. heu heu...!! 
>    
>    
>    
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>   
> ---------------------------------
>   Be a better pen pal. Text or chat with friends inside Yahoo! 
Mail. See how. 
> 
> 
> 
> 
> 
>   
> ---------------------------------
>   Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.  
> 
>        
> ---------------------------------
> Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di 
Yahoo! Answers
>


Kirim email ke