ari pamendak abdi mun teu lepat,,,panginten Karawang teh asal kata na tina 
"rawa,," da kapungkur mah saur urang Karawang,tempatna teh siga rawa anu lega 
pisan,,,kirang langkungna neja sihapunten,,Wsslm,,,
Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          
  Waduuuhhhh manawi teh perkawis peti, gentos heula atuh judulna ku karawang. 
Punten sim kuring mah teu terang karawang, babad karawang (gitek karawang?  ) 
ma'lum da sanes kusnet mania mung kusnet peun.
 
  Makarya Mawa Raharja
  

  ----- Original Message ----
From: shinda neng <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, December 3, 2007 7:39:57 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Peti kanggo Kabuyutan Ciburuy tea.

      sampurasun, aya nu terang para kusnet mania perkawis naon ari karawang 
hartosna sareng sejarah atanapi babad karawang ?????tapi punten ulah ceuk 
buku!!!!!!!! nuhun   

  ----- Original Message ----
From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED] net>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Tuesday, December 4, 2007 8:55:46 AM
Subject: [Urang Sunda] Peti kanggo Kabuyutan Ciburuy tea.

      Ieu mah laporan we ka baraya sadayana, pedah nu ngawitan ngunclungkeun ka 
Kusnet perkawis peti di Kabuyutan Ciburuy tos koropok teh sim kuring, teras 
disantok ku Kang Tirta nu umajak sangkan aya "action by prak" ngagentos peti.
  Kamari nampi telepon ti Kang Ukas, Kusnet di Madiun, anu sanggem pesen peti 
kanggo Ciburuy. Peti meh rengse didamel.
  Ngadamel peti teh dua siki ukuranana 50x50x70 cm, pangaosna 550rebu sapeti 
janten jumlah jamleh sajuta saratus rebueun teu acan ongkos kirim ka Kabuyutan 
Ciburuy Garut. Waragad anu tos aya 500rebu eta ge sami ti baraya Kusnet keneh 
teras aya kasanggeman ti Kang Tirta kanggo nambihanana, sabaraha-sabarahana mah 
gumantung Kang Tirta we, da teu acan betus. He he.
  Jadwal rengsena eta peti dina minggu ieu, janten elatna pertengahan desember 
ge tos dugi ka Ciburuy, peti enu koropok tangtos tos tiasa di gentos.
  Pangna ngadamel peti di Mdiun kahiji mah milari kai jati anu kolot tur sae di 
Bandung rada sesah, anu aya teh siga kai jati ngora, sareng katingalna rada 
cangcaya, malum sim kuring teu patos apal kai jati. Kaduana aya kasanggeman ti 
Kang Ukas anu dumuk di Madiun.
  Kukituna ngahaturkeun nuhun ka Kang Ukas nu tos paciweuh di Madiun, atuh teu 
ka kantun ngahaturkeun nuhun ka Kang Aschev Suraschev, ka Kang Tirta, ka Mang J 
kum we ka baraya sadayana anu tos kersa ulubiung dina "Project of Peti 
Kabuyutan Ciburuy".
  Bilih ieu mah aya baraya anu bade nambihan piwaragadeunana atanapi bade 
sanggem ngakut ti Madiun dugi ka Garut mangga we kontak ka Kang Ukas atanapi ka 
sim kuring ge mangga.
  Ieu wartos hal peti teh tos didugikeun ka Ceu Tien Wartini (filolog 
pangsiunan ti Museum Sribaduga) sareng Kang Hawe ti PSS, Ceu Tien sareng Kang 
Hawe ngahaturkeun nuhun ka baraya Kusnet anu tos neundeun katineung kana 
ngamumule naskah-naskah kuno Sunda nu aya di Kabuyutan Ciburuy.
  Manawi we sasieureun sabeunyeureun janten lahan amal kanggo urang sadayana. 
Amin.
   
  MSasmita
  ukur pipilueun, pedah we dibenum janten koordinator ku kang Tirta. heu 
heu...!! 
   
   
   






  
---------------------------------
  Be a better pen pal. Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how. 





  
---------------------------------
  Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.  

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Kirim email ke