Ieu mah rek ngadongeng perkara menkominfo M. Nuh. Tadina teh direktur Politeknik ITS Surabaya. Prestasi mahasiswa Politeknik ITS Surabaya kawilang nyongcolang. Sababraha taun, jadi juara lomba robot, anu diayakeun ku depdiknas. Tim mahasiswa ti UI jeung ITB eleh. Atuh di tingkat internasional, tim mahasiswa politeknik ITS nyongcolang, sakali jadi juara Sa Asia Fasifik, anu diayakeun ku Asosiasi televisi Jepang (ABU ROBOCON). Teu heran, atuda Politeknik ITS mah spesialis ngulik perkara pertehnikan robot.
Taun kamari, Menkominfo ngaresmikeun laboratorium teknologi CDMA anu paling canggih, sumbangan ti pausahaan Hwa Hwe Cina, anu "dititipkeun" di UI. Harita teh tos disabit-sabit perkara, perluna internet "dinikmati" pikeun sakumna masyarakat.Tah, jigana pipikiran eta anu direalisir di wewengkon Jawa Timur. Wajar wae, ngaheulakeun Jawa Timur, jigana pihak Pemda jeung masyarakatna leuwih siap narima tehnologi ieu tibatan Jawa Barat. Hiji prestasi menkominfo anu perlu "diacungi jempol". Jigana faktor widang profesi jeung kaelmuan, mangaruhan kana hiji kawijakan. Bandingkeun jeung kawijakan Menkominfo saeuncan M. Nuh, nyaeta Sofyan A Djalil. Profesi jeung widang kaelmuanana dina widang hukum. Tangtangan harita, nyaeta ngatur frekuensi jeung siaran (radio/televisi). Kawijakan anu dihasilkeun nyieun lembaga Komisi Penyiaran Indonesia (KPI), jeung nyieun UU Penyiaran. Lamun enya taun hareup, infrastrukur internet diwangun di Jawa Barat, jigana perlu yeuh KUSnet ngajukeun usulan ka Menteri, kumaha sangkan internet bisa ngalestarikeun budaya, diantarana nga "launching" aksara Sunda di internet. Atawa kumaha caranya sangkan bisa aya gawe bareng Menkominfo jeung Mensristek (pan Menterina urang Sunda). Atawa aya usualan sejenna? Penyoa--- Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haturan Baraya, > > Aya informasi anu ngagumbirakeun ngeunaan > infrastruktur kanggo nga-download muatan lokal di > internet, reh dina gempungan sareng Komisi hiji DPR > dinten ieu, Prof Dr Muhammad Nuh, ngawartoskeun > rehna di Jatim tos dipasang hotspot atanapi Wi-Fi > (internet tanpa kabel) gratis di taman kota atanapi > alun-alun di 38 kabupaten/kota di Jawa Wetan. > Pamasangan hotspot dimaksad dina raraga sasadiaan > kanggo nuju ka masarakat informasi Jatim > e-province. Disaurkeun ku anjeunna, cenah taun > payun bakal nyusul Jawa Kulon sareng provinsi > sanesna. > > Salam, > Asep > > > > ____________________________________________________________________________________ > Get easy, one-click access to your favorites. > Make Yahoo! your homepage. > http://www.yahoo.com/r/hs ____________________________________________________________________________________ Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ

