Kang Kumi, saheulanan, tulisan-tulisan ngeunaan geologi kuring bisa ditoongan di dieu: http://www.bgl.esdm.go.id/ khususna dina koropak "Warta Geologi" (WG) anu rada populer.
Editorial eta WG sadayana beunang kokotretan kuring sorangan, atuh "Fokus Kita" dina WG tahun kahiji unggal pedalan meh sakabehna meunang anu nulis utamana mah sorangan oge. Pek rek ditarjamahkeun kana basa Sunda mah, kaci pisan. Ngeunaan tulisan keur Wikipedia Basa Sunda bab Geol, ke sugan mimiti patengahan Desember ieu rek ngabaladah, narjamahkeun tulisan anu geus aya di Wikipedia, boh bs. Inggris atawa bs Indonesia. Sakitu heula. manAR --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > tah.... faktor kaleresanana mah mani ngarojong pisan... Menristekna ti Tatar > Sunda, di kompinfo aya Pa Cahyana & Kang Asep (eh, Kang Asep teh di Kominfo > atanapi Postel? Punten poho deui), jaba ayaa Teh Sofi (anu sok disabit2 ku > Kang Asep) di Postel deuih... jaba aya ti Ditjen Pajeg deuih... jaba aya > Kang Ganjar rektor Unpad... jaba rektor UI urang Tasik... dan jaba2 yg > lainnya... duh... garo-garo kotombean, euy... Mang Oman, mana atuh artikel2 > giteklogi teh...? > > On 12/4/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Lamun enya taun hareup, infrastrukur internet diwangun > > di Jawa Barat, jigana perlu yeuh KUSnet ngajukeun > > usulan ka Menteri, kumaha sangkan internet bisa > > ngalestarikeun budaya, diantarana nga "launching" > > aksara Sunda di internet. Atawa kumaha caranya sangkan > > bisa aya gawe bareng Menkominfo jeung Mensristek (pan > > Menterina urang Sunda). Atawa aya usualan sejenna? > > >

