> Punten giring mairan,
> Pamendak abdi mah, sajalan sareng rencana PILKADA 
> JABAR, kumaha upami nu nyaralon hoyong mingpin Jabar

> teh, kedah nu paduli kana hal ieu, pami henteu mah 
> ulah di pilih wae... 
> 
> Daripada urang kedah ngarenghik kanu mikiran sa 
> Indonesia (Mentri), nya mening ngarenghik kanu 
> mikiran sa Jabar heula atuh.
>
>
> Sanes kitu ?
> Hatur nuhun,
>
>
>
--- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> Ieu mah rek ngadongeng perkara menkominfo M. Nuh.
> Tadina teh direktur Politeknik ITS Surabaya.
> Prestasi
> mahasiswa Politeknik ITS Surabaya kawilang
> nyongcolang. Sababraha taun, jadi juara lomba robot,
> anu diayakeun ku depdiknas. Tim mahasiswa ti UI
> jeung
> ITB eleh. Atuh di tingkat internasional, tim
> mahasiswa
> politeknik ITS nyongcolang, sakali jadi juara Sa
> Asia
> Fasifik, anu diayakeun ku Asosiasi televisi Jepang
> (ABU ROBOCON). Teu heran, atuda Politeknik ITS mah
> spesialis ngulik perkara pertehnikan robot.
> 
> Taun kamari, Menkominfo ngaresmikeun laboratorium
> teknologi CDMA anu paling canggih, sumbangan ti
> pausahaan Hwa Hwe Cina, anu "dititipkeun" di UI.
> Harita teh tos disabit-sabit perkara, perluna
> internet
> "dinikmati" pikeun sakumna masyarakat.Tah, jigana
> pipikiran eta anu direalisir di wewengkon Jawa
> Timur.
> Wajar wae, ngaheulakeun Jawa Timur, jigana  pihak
> Pemda jeung masyarakatna leuwih siap narima
> tehnologi
> ieu tibatan Jawa Barat. Hiji prestasi menkominfo anu
> perlu "diacungi jempol". Jigana faktor widang
> profesi
> jeung kaelmuan, mangaruhan kana hiji kawijakan.
> 
> Bandingkeun jeung kawijakan Menkominfo saeuncan M.
> Nuh, nyaeta Sofyan A Djalil. Profesi jeung widang
> kaelmuanana dina widang hukum. Tangtangan harita,
> nyaeta ngatur frekuensi jeung siaran
> (radio/televisi).
> Kawijakan anu dihasilkeun nyieun lembaga Komisi
> Penyiaran Indonesia (KPI), jeung nyieun UU
> Penyiaran.
> 
> Lamun enya taun hareup, infrastrukur internet
> diwangun
> di Jawa Barat, jigana perlu yeuh KUSnet ngajukeun
> usulan ka Menteri, kumaha sangkan internet bisa
> ngalestarikeun budaya, diantarana nga "launching"
> aksara Sunda di internet. Atawa kumaha caranya
> sangkan
>  bisa aya gawe bareng Menkominfo jeung Mensristek
> (pan
> Menterina urang Sunda). Atawa aya usualan sejenna?
> 
> 
> 
>


      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Kirim email ke