Haturan oge neng Roro,
  Perkawis waragad kanggo nyuguhan tuang para tatamu ondangan mah teu 
kasaurkeun 
  kedah anjuk hutang, margi  sok kacumponan ka panyambungan, tos janten tradisi 
upami kaondangan kanu kawinan, tara nyandak kado/supenir, cekap nyandak amplop 
dieusi artos 30~50 rebu Won kanggo kawawuhan, 50 ~ 80 rebu Won kanggo 
rerencangan sareng 100 rebu won kanggo nyambungan ka wargi atanapi sobat dalit, 
eta amplop anu dieusi 
  artos,  dipasihkeun ka patugas "juru tulis" dilawang lebet ka tempat akad.
  Si Juru Tulis, marios jumlah eusi amplop teras dicatet dina buku, nami anu 
nyambungan sareng seueurna artos, upami anu ngulem urang pihak panganten 
pameget, eta amplop
  dipasihkan ka "juru tulis" ti pihak panganten pameget.
  Kita deui dina waktos tuang, di restoran dibagi dua bagian,  kanggo ondangan 
pihak panganten pameget sareng kanggo ondangan pihak panganten istri.
   
  Biaya tuang kanggo sajalmi kirang langkung 5 ~ 8 rebu won, upami  ditambih 
katuangan kueh Korea sareng leueuteun kayaning Coca-Cola, Sprite sareng 
leueuteun alkohol anu mirah, janten jumlah jamleh kirang langkung 15 rebueun 
sajalmi.
   
  Peryogi kauninga eta juru tulis anu nampian sareng nyatet amplop-ampop 
biasana rerencangan panganten, anu kalana teu karenaleun sareng wargi-wargi 
pihak panganten.
  Tah hal ieu sok dijantenkeun kasempetan ku jalmi jarulig, cekap ku modal 
diraksukan
  jas dasi nyandak buku sareng pulpen, gek calik dina korsi/meja panampian 
amplop.
  saparantos tamu-tamu lebet ka rohangan akad sadayana, manehna mah kereles we
  kabur sareng amplop-amplopna.
  Kantos kabongkar ku pulisi, jalmi-jalmi anu ngahususkeun malingan 
amplop-amplop
  panyambungan, tetela geuning hasilna sakali mejeng teh dugi ka puluhan juta 
Won.
   
  Pihatur,
  ssw
  salajengna mah ke urang reraskeun kapayun, manawi pareng..
   
  Roro Rohmah [EMAIL PROTECTED]
            Haturan Wa Sidik,
Olohok ngembang kadu oge, maos pedaran Wa Sidik perkawis adat nikah di Korea. 
Pami biaya kanggo nyuguhan tamu ngandelkeun panyambungan para ondangan, 
hartosna “nambut/ngahutang” heula atuh? Sareng cicis panyecep ti para tamu 
kedah ageung dugi ka tiasa ngabiayaan hajat sagala. Kacipta pami tos waktosna 
noong pangeusi bubung/gentong/wadah kenclengna mung aya sababaraha lambar 
amplop… atanapi amplopna seueur, mung eusina mangwatirkeun hmmmm…ngalamots 
curux…
   
  Saliwat mah, ngemut dina kahirupan salajengna kangge panganten anyar boh 
istri, boh pameget katingalna adil. Tapi diemut deui, sanes sing pedah 
disisingsieunan ku Uwa, atanapi “itungan” tapi leres abot pami diukur tina 
ilahar kawajiban istri di urang mah….Saur urang Betawi tea,”Enak di elu, kagak 
enak di gue heheh…”. Ketang, nu namina adat kakurung ku iga tea … abot-abot ge 
angger we diturut ku istri Korea mah geuning…janten adil kanggo ukuran ditu mah.
   
  Hatur nuhun Wa pedaranana, ageung milik Uwa mah ngengingkeun Wa istri. Tos 
terang kieu mah bade dibedokeun we lamaran ti Kang Bae Yong Jun teh, da abot 
pisan… Mending keneh nampi Kang Bae Yong Bong (Bayongbong) puguh deui urang 
Garut.. ah, Bae Weh… hihihi…
   
  baktos,
  ro2 
   


      Recent Activity
    
      11
  New Members
  
      1
  New Files

Visit Your Group 
      Search Ads
  Get new customers.
  List your web site
  in Yahoo! Search.

    Fitness Edge
  on Yahoo! Groups
  Learn how to
  increase endurance.

    Cat Groups
  on Yahoo! Groups
  Share pictures &
  stories about cats.



  .

 
                         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke