Ah henteu sakali Ambu tetep Ambu..ngan eta weh manglebarkeun kunaon Wanoja
Korea mani di Oshin keun pisan...Pan diurang mah Wanoja teh umumna diogo
kacuali meureun dikalangan bawah 9eta oge teu sadayana) anu sok KDRT
tea...Tapi anu kajantenan tibalik salaki Korea- Isteri Indonesia...Beu
wanoja urang di Oshinkeun deui wae....

On 12/7/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Euleuh…geuning teu nambut/nganjuk heula? Jaba tos ditangtoskeun sakitu
> Won…
> Etamah atuh sami sareng tuang di restoran BM alias "Bayar Masing-masing"
> heheh…
> Manawi teh di Korea mah, nu kawilang nagara majeng moal aya nu ngalicikan,
> sami wae dimana-mana ge nya… Ari tos puguh nyambungan kedah ku artos mah,
> supados aman, dina ulemanana diserat nomer rekening panganten, ka ondangan
> mah mung nyandak buktos transferna wungkul...Tah, moal aya lolongkrang
> kanggo tukang tipu.
>
> Bah Surtiwa bade ngersakeun? Ari Ambu bade dikamanakeun?...heuheu…
> Tuh, ningan wanoja Korea tambih ngalartos ayeunamah, yen aranjeuna teh
> janten pihak nu "dirugel"keun. Lamun seug, adat Korea tiasa disaluyukeun
> sareng jaman, pameget Korea teu kedah "impor" ti nagara batur. Tapi, teu
> kituna Wa Sidik, sanaos seueur nu lalagasan dugi ka sepuh, di hate para
> wanoja Korea masih keneh ngancik hiji kahoyong yen hiji waktos bakalan
> sumping Sang Arjuna (eh, di Korea mah sanes Arjuna nya?) … heheh…
> Nyanggakeun gambarna.
>
> Diantos dongeng salajengna,
> haturnuhun,
> ro2.
>
> >>> [EMAIL PROTECTED] 12/06/07 03:23PM >>>
> Haturan oge neng Roro,
> Perkawis waragad kanggo nyuguhan tuang para tatamu ondangan mah teu
> kasaurkeun
> kedah anjuk hutang, margi  sok kacumponan ka panyambungan, tos janten
> tradisi upami kaondangan kanu kawinan, tara nyandak kado/supenir, cekap
> nyandak amplop dieusi artos 30~50 rebu Won kanggo kawawuhan, 50 ~ 80 rebu
> Won kanggo rerencangan sareng 100 rebu won kanggo nyambungan ka wargi
> atanapi sobat dalit, eta amplop anu dieusi .....
>
> >>> [EMAIL PROTECTED] 12/07/07 08:14AM >>>
> Jadi resep atuh saha nu teu hayang boga pamajikan urang Korea atanapi
> Jepang ari kieu mah...geuningan tos biasa..Naha ari didieu ngilu ka Mertua
> kalahka Mertua anu nyeuseuh bajuna....Wanoja urang ogo atanapi diogo ?
>
> >>> [EMAIL PROTECTED] 12/07/07 10:01AM >>>
> Heuheuheu.....
> bade ngersakeun ...??
> margi para wanoja Korea kiwari tos seueur anu aralimeun nikah ka jajaka
> Korea,
> teu sakedik hirup ngalajang dugika tengah tuwuh.
> Akibatna seueur jajaka Korea milarian piistrieun ka China, Vietnam
> kalebet ka
> Indonesia.
> Tos seueur pangaduan kasus pipirakan antawis isteri Indonesia caroge
> Korea, malih
> tos sabaraha jalmi kawit ti Tatar Sunda.
>
>
>
> 
>
>

Kirim email ke