Haturan Wa Sidik,
Olohok ngembang kadu oge, maos pedaran Wa Sidik perkawis adat nikah di Korea. 
Pami biaya kanggo nyuguhan tamu ngandelkeun panyambungan para ondangan, 
hartosna "nambut/ngahutang" heula atuh? Sareng cicis panyecep ti para tamu 
kedah ageung dugi ka tiasa ngabiayaan hajat sagala. Kacipta pami tos waktosna 
noong pangeusi bubung/gentong/wadah kenclengna mung aya sababaraha lambar 
amplop* atanapi amplopna seueur, mung eusina mangwatirkeun hmmmm*ngalamots 
curux*

Saliwat mah, ngemut dina kahirupan salajengna kangge panganten anyar boh istri, 
boh pameget katingalna adil. Tapi diemut deui, sanes sing pedah disisingsieunan 
ku Uwa, atanapi "itungan" tapi leres abot pami diukur tina ilahar kawajiban 
istri di urang mah*.Saur urang Betawi tea,"Enak di elu, kagak enak di gue 
heheh*". Ketang, nu namina adat kakurung ku iga tea * abot-abot ge angger we 
diturut ku istri Korea mah geuning*janten adil kanggo ukuran ditu mah.

Hatur nuhun Wa pedaranana, ageung milik Uwa mah ngengingkeun Wa istri. Tos 
terang kieu mah bade dibedokeun we lamaran ti Kang Bae Yong Jun teh, da abot 
pisan* Mending keneh nampi Kang Bae Yong Bong (Bayongbong) puguh deui urang 
Garut.. ah, Bae Weh* hihihi*

baktos,
ro2 



>>> [EMAIL PROTECTED] 12/05/07 06:53PM >>>
...........................

Peryogi kauninga waragad kanggo ngajamu tuang, biayana tina panyambungan para 
ondangan.

Dina rumah tangga salajengna, tos jadi tradisi di Korea, panganten lalaki kedah 
nyadiakeun
bumi (panganjrekkan), eta bumi/panganjrekkan tiasa mangrupi bumi sepuh pihak 
lalaki (ngahiji sareng sepuhna), meser bumi/apartemen, ngontrak bumi atanapi 
mung saukur nyewa kamar. Sawangsulna pihak istri kedah nyayagikeun barang 
kanggo eusi eta bumi sapertos alat rumah tangga, TV, kulkas, lomari sareng 
sajabina.
Upami eta panganten ngahiji sareng sepuh pihak lalaki, panganten istri gaduh 
kawajiban
ngurus kapeyogian sadata pangeusi eta bumi, kayaning tuangeun, 
nyeseuh/ngistrika,
beberes bumi sareng sajabina, nyakitu deui upami panganten lalaki tikulawargi 
patani, 
beres padamelan dibumi gaduh kawajiban nganteuran ka sawah/kebon diteraskeun
mantuan padamelan di kebon/sawah.
(Ieu mah sanes nyingsieunan ka wanoja anu gaduh beubeureuh urang 
Korea....heuheuheu)

Eta tradisi masih keneh dijalankeun di Korea dugi ka danget ieu.

Pihatur,
ssw

Kirim email ke