sok mindeng kawenehan dina milis, aya baraya nu neangan ngaran nu
NYUNDA. nu kumaha atuh ari ngaran nu nyunda teh. duka kungsi aya teu
nya nu kungsi nalungtik atawa ngotektak perkara ieu.

sainget kuring, ngaran urang sunda pang basajanna SADUNYA, enya lain
bohong SADUNYA. teu percaya pek we bantah upama boga fakta sejen mah.
naon buktina? pek we geura, ngaran urang sunda mah loba nu diwangun
cukup ku saengang, cukup ku HIJI aksara diulang. contona bae, kabeh
aksara vokal (a, i, u, e, o) sosoranganan geus cukup keur nyieun
ngaran, jiga kieu: aa, ii, uu, ee, jeung oo. eta kabeh ngaran teh
kuring kungsi manggih jalmana, boh dina tulisan atawa paamprok
jonghok.

ngaran aa, putrana pun ua nu dumuk di bogor, kitu deui aya aa tukang
tonjok aa-boxer. ngaran ii oge aya baheula babaturan di lembur. ari
ngaran uu mah, apan contona urang sunda nu ngagali alun-alun bandung
tea, hehehe. tah ari ee mah, baheula ngaran sinden sandiwara di desa
kuring. ari ngaran oo mah, alo kuring pisan, nu geus almarhum.

nu matak kuring nyimpulkeun, ngaran urang sunda mah pang basajanna
SADUNYA. najan aya oge ngaran nu sarua saengan di afrika, jiga xi dina
felm "gog must be crazy", tapi diwangun ku dua aksara. (mh)

Kirim email ke