Leres Kang. Ceuk cenah, kungsi aya urang Sunda anu gelarna ngajejer, 
ngaleut, tapi namina singget pisan. Mun teu poho deui nami lengkep 
jeung gelarna teh kieu: Prof. Dr. Ir. Oo, MSc. MBA. Dipl.

manAR
--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> sok mindeng kawenehan dina milis, aya baraya nu neangan ngaran nu
> NYUNDA. nu kumaha atuh ari ngaran nu nyunda teh. duka kungsi aya 
teu
> nya nu kungsi nalungtik atawa ngotektak perkara ieu.
> 
> sainget kuring, ngaran urang sunda pang basajanna SADUNYA, enya 
lain
> bohong SADUNYA. teu percaya pek we bantah upama boga fakta sejen 
mah.
> naon buktina? pek we geura, ngaran urang sunda mah loba nu diwangun
> cukup ku saengang, cukup ku HIJI aksara diulang. contona bae, kabeh
> aksara vokal (a, i, u, e, o) sosoranganan geus cukup keur nyieun
> ngaran, jiga kieu: aa, ii, uu, ee, jeung oo. eta kabeh ngaran teh
> kuring kungsi manggih jalmana, boh dina tulisan atawa paamprok
> jonghok.
> 
> ngaran aa, putrana pun ua nu dumuk di bogor, kitu deui aya aa 
tukang
> tonjok aa-boxer. ngaran ii oge aya baheula babaturan di lembur. ari
> ngaran uu mah, apan contona urang sunda nu ngagali alun-alun 
bandung
> tea, hehehe. tah ari ee mah, baheula ngaran sinden sandiwara di 
desa
> kuring. ari ngaran oo mah, alo kuring pisan, nu geus almarhum.
> 
> nu matak kuring nyimpulkeun, ngaran urang sunda mah pang basajanna
> SADUNYA. najan aya oge ngaran nu sarua saengan di afrika, jiga xi 
dina
> felm "gog must be crazy", tapi diwangun ku dua aksara. (mh)
>


Kirim email ke