What is in a name?

--- In [email protected], "H Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Anu kanapasan Arab oge aya..Zubaedah, Romlah, Barokah, Zadeh,Abdullah,
> Mulah..jrrd.
> 
> On 12/10/07, syam <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >    Punten nambihan, ciri has ngaran urang sunda salian diwangun aksara
> > vokal nu diulang oge sok ditambah ku aksara "H" ditungtungna saperti :
> > ooh,aah.
> > Aya oge nu dicokot ti ngaran anu geus aya ditambahan "H" tungtungna
> > saperti; dedi jadi dedih, edi jadi edih, dede jadi dedeh, dudu
jadi duduh,
> > aci jadi acih, oci jadi ocih, aca jadi acah, oco jadi ocoh, yoyo
jadi yoyoh,
> > yaya jadi yayah jrd. Saking reana ngaran sunda nu ditungtungan ku
"H" najan
> > can nyebutkeun asalna tapi mun geus nyodorkeun ngaran kaparengan
> > ditungtungan ku "H" ( misalna "odah" boa aya ketah urang los
angeles ge nu
> > ngarana "odah") sok langsung teg we yen manehna teh urang sunda.
> >
> > Aya oge ngaran artis atawa biduan nu ditungtungan ku "H" duka
urang sunda
> > duka kolotna mere ngaran ka anakna geus kaismeuan ku urang sunda,
contona;
> > elvi sukaesih, tiar miyarsih, kinaryosih, asmirandah. Tah boa
marshanda ge
> > mun urang sunda mah jadi "marshandah" , bunga citra lestari jadi
"bungah
> > citrah lestarih" atawa dian sastro jadi "dian sastroh wardoyoh"
> >
> > ih menih maksah nyah!
> > sr
> >
> >
> > ----- Original Message -----
> > *From:* mh <[EMAIL PROTECTED]>
> > *To:* [email protected]
> > *Sent:* Friday, December 07, 2007 9:15 AM
> > *Subject:* [Urang Sunda] Ngaran Nyunda?
> >
> >
> >
> > sok mindeng kawenehan dina milis, aya baraya nu neangan ngaran nu
> > NYUNDA. nu kumaha atuh ari ngaran nu nyunda teh. duka kungsi aya teu
> > nya nu kungsi nalungtik atawa ngotektak perkara ieu.
> >
> > sainget kuring, ngaran urang sunda pang basajanna SADUNYA, enya lain
> > bohong SADUNYA. teu percaya pek we bantah upama boga fakta sejen mah.
> > naon buktina? pek we geura, ngaran urang sunda mah loba nu diwangun
> > cukup ku saengang, cukup ku HIJI aksara diulang. contona bae, kabeh
> > aksara vokal (a, i, u, e, o) sosoranganan geus cukup keur nyieun
> > ngaran, jiga kieu: aa, ii, uu, ee, jeung oo. eta kabeh ngaran teh
> > kuring kungsi manggih jalmana, boh dina tulisan atawa paamprok
> > jonghok.
> >
> > ngaran aa, putrana pun ua nu dumuk di bogor, kitu deui aya aa tukang
> > tonjok aa-boxer. ngaran ii oge aya baheula babaturan di lembur. ari
> > ngaran uu mah, apan contona urang sunda nu ngagali alun-alun bandung
> > tea, hehehe. tah ari ee mah, baheula ngaran sinden sandiwara di desa
> > kuring. ari ngaran oo mah, alo kuring pisan, nu geus almarhum.
> >
> > nu matak kuring nyimpulkeun, ngaran urang sunda mah pang basajanna
> > SADUNYA. najan aya oge ngaran nu sarua saengan di afrika, jiga xi dina
> > felm "gog must be crazy", tapi diwangun ku dua aksara. (mh)
> > .
> >
> > 
> >
>


Kirim email ke