Har ari bapa...? moal mungkin kajantenan atuh nyandung ari jumlah istrina 
langkung sakedik mah tibatan pamegetna? kajantenan nyandung mah kedah dina 
kaayaan jumlah istri langkung seueur tibatan pameget. Teras sanaos seueur 
jumlah istrina ari murangkalih keneh sareng nini? nyandung oge sesah. Janten 
anu dimasad teh nyandung tiasa gampil kajantenanana upami tangtos aya niat 
sareng status anu can nikah dina yuswa nikah (WUS, wanita usia subur) oge 
ngamungkinkeun, maksadna aya istri anu can kabagean nikah. Bilih eta anu can 
kabagean nikah teh ngagoda caroge batur teras pamegetna oge memang osok ngagoda 
atanapi gampil kagoda deuih, nya langkung sae ngawayuh, supados ngirangan istri 
"simpenan". 

H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Kahartos upami statistik hungkul 
mah...ngan eta amun dikaitkeun... kulantaran seur istri tibatan pameget..teras 
wae janten jastipikasi..keur nyandung....Ceuk abdi mah ari soal nyandung mah 
masalah Kaimanan sareng niat pribadi wae....sanaos istri misalna ngan sakedik 
ayana..ari niat anu ngagedur ageung mah.nya nyandung wae..sanaos bari 
susulumputan....... 

  On 12/28/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             Punten 
bapa sanes kitu maksadna, postingan aki tams mung ngawaler atanapi mairan 
postingan anu palayeun uninga jumlah istri sareng pameget manawi. Perkawis jodo 
mah anging Alloh anu uninga, urang sebage mahluk teu tiasa ngabagi bagi jodo. 
Baktos aki tams. 

H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:         Pangbagian jodo jang awewe tina 
dasa statistik ?/. Euleuh geuningan kitu....

  On 12/26/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED] > wrote:             Langkung 
gampil deui ngamangfaatkeun angka sex ratio. ieu ukuran seueurna pameget sareng 
istri di hiji tempat. sapertos sex ratio 102 hartosna aya 102 pameget diantawis 
100 istri. upami kangge kaperyogian ngawayuh, saena nyandak sex ratio ti 
kumpulan umur 15-49 (PUS, pasangan usia subur). Ulah tina angka sex ratio umum, 
margi kalebet murangkalih can dewasa sareng sepuh (kangge istri.). Tempatna oge 
ulah nyandak sex ratio Indonesia, margi kedah disaluyukeun sareng tempat dimana 
eta istri anu bade diwayuh ayana. Janten milih angka sex ratio daerah anu 
langkung alit ti 100. sapertos sex ratio 89, hartosna aya 89 pameget diantawis 
100 istri, langkung tepatna deui kedah dihubungkeun sareng status kawina oge. 
Kucara eta sigahna bakal kauninga daerah mana wae sareng aya sabaraha urang 
istri anu can kabagean nikah. Kaum ibu kedah hawatos ka anu can nikah, atuh 
kaum bapa kedah kersa ngelehan ngabagi....? he
 he he. Sakitu anu kapihatur ti aki tams.     

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:         > retno rodiyatna <[EMAIL 
PROTECTED]> wrote:
> coba pangitungkeun jumlah awewe jeung lalaki anu cukup umur jeung 
> kawin. 
> coba bandingkeun! 

Ari soal eta mah, teu kedah sesah-sesah Kang, geus aya nu 
mangitungkeun, Biro Pusat Statistik (www.bps.go.id). Hasilna, 
babandingan awewe jeung lalaki di Indonesia saimbang (1:1), malah 
lalaki leuwih loba saeutik (Hasil sensus taun 2000). 

Keur tingkat Dunya, tiasa ditingali disitus Worldpopclock, didinya 
tiasa ditingali oge proyeksi babandingan awewe jeung lalaki tepi ka 
taun 2025. Per nagara oge aya. Nu matak heran, nu timpang di nagara- 
nagara Teluk (Arab Saudi, Kuwait, Bahrain, UEA) nyaeta kanyataan 
lalaki jauh leuwih loba tibatan awewe. Di ARab Saudi 120 lalaki : 
100 awewe, di Bahrain malah leuwih timpang deui 160 lalaki : 100 
awewe. 

Nu bakal diramalkeun bakal surplus lalaki, nagara RRC, sabab nagara 
eta aya kawijaksanaan "HIJI ANAK". Rata-rata kulawarga di Cina 
hayang boga lalaki. Ieu bisa nyababkeun lalaki surplus lalaki di 
Dunya, sabab padumuk RRC teh 2 milyar jelema!

Tapi ayeuna aya teknologi, supaya awewe ngalobaan, nyaeta kloning. 
Sanajan ayeuna kakara bisa ka sato, bisa wae kahareup mah ka jelema. 
Cenah kloning, ngan bisa dilakukeun kanu jenis kelamin bikang. Ngan 
jadi patarosan oge, umpama kloning bisa keur reproduksi jelema, keur 
naon aya jalu?

Baktos,
WALUYA

 



    
---------------------------------
  Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it 
now.   
  
  
  








  




    
---------------------------------
  Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.   
  
  
  






  

                         

       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

Kirim email ke