Punten bapa sanes kitu maksadna, postingan aki tams mung ngawaler atanapi
mairan postingan anu palayeun uninga jumlah istri sareng pameget manawi.
Perkawis jodo mah anging Alloh anu uninga, urang sebage mahluk teu tiasa
ngabagi bagi jodo. Baktos aki tams.
H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Pangbagian jodo jang awewe tina
dasa statistik ?/. Euleuh geuningan kitu....
On 12/26/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Langkung
gampil deui ngamangfaatkeun angka sex ratio. ieu ukuran seueurna pameget sareng
istri di hiji tempat. sapertos sex ratio 102 hartosna aya 102 pameget diantawis
100 istri. upami kangge kaperyogian ngawayuh, saena nyandak sex ratio ti
kumpulan umur 15-49 (PUS, pasangan usia subur). Ulah tina angka sex ratio umum,
margi kalebet murangkalih can dewasa sareng sepuh (kangge istri.). Tempatna oge
ulah nyandak sex ratio Indonesia, margi kedah disaluyukeun sareng tempat dimana
eta istri anu bade diwayuh ayana. Janten milih angka sex ratio daerah anu
langkung alit ti 100. sapertos sex ratio 89, hartosna aya 89 pameget diantawis
100 istri, langkung tepatna deui kedah dihubungkeun sareng status kawina oge.
Kucara eta sigahna bakal kauninga daerah mana wae sareng aya sabaraha urang
istri anu can kabagean nikah. Kaum ibu kedah hawatos ka anu can nikah, atuh
kaum bapa kedah kersa ngelehan ngabagi....? he he
he. Sakitu anu kapihatur ti aki tams.
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > retno rodiyatna <[EMAIL
PROTECTED]> wrote:
> coba pangitungkeun jumlah awewe jeung lalaki anu cukup umur jeung
> kawin.
> coba bandingkeun!
Ari soal eta mah, teu kedah sesah-sesah Kang, geus aya nu
mangitungkeun, Biro Pusat Statistik (www.bps.go.id). Hasilna,
babandingan awewe jeung lalaki di Indonesia saimbang (1:1), malah
lalaki leuwih loba saeutik (Hasil sensus taun 2000).
Keur tingkat Dunya, tiasa ditingali disitus Worldpopclock, didinya
tiasa ditingali oge proyeksi babandingan awewe jeung lalaki tepi ka
taun 2025. Per nagara oge aya. Nu matak heran, nu timpang di nagara-
nagara Teluk (Arab Saudi, Kuwait, Bahrain, UEA) nyaeta kanyataan
lalaki jauh leuwih loba tibatan awewe. Di ARab Saudi 120 lalaki :
100 awewe, di Bahrain malah leuwih timpang deui 160 lalaki : 100
awewe.
Nu bakal diramalkeun bakal surplus lalaki, nagara RRC, sabab nagara
eta aya kawijaksanaan "HIJI ANAK". Rata-rata kulawarga di Cina
hayang boga lalaki. Ieu bisa nyababkeun lalaki surplus lalaki di
Dunya, sabab padumuk RRC teh 2 milyar jelema!
Tapi ayeuna aya teknologi, supaya awewe ngalobaan, nyaeta kloning.
Sanajan ayeuna kakara bisa ka sato, bisa wae kahareup mah ka jelema.
Cenah kloning, ngan bisa dilakukeun kanu jenis kelamin bikang. Ngan
jadi patarosan oge, umpama kloning bisa keur reproduksi jelema, keur
naon aya jalu?
Baktos,
WALUYA
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
now.
---------------------------------
Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.