Kuring sapuk kana pamadegan kang Tirta. ti dieu
katingali pisan, Pemda Provinsi Jabar heunteu
ngagaduhan "strategi kebudayaan" anu jelas, naon anu
bade diudag, ku ayanan pangleler ka para tokoh
kabudayaan. (atawa kuring anu teu terang kana
"kasangtukang"na diayakeun pangleler ieu).
sok sanaos kitu, acara pangleler ieu, hiji
"kamajengan" tibatan teu aya sama sekali.
Kuring jadi emut, kana salah sahiji novel Melayu, anu
dikarang ku salah salah sawios seniman/budayawan
Riau, nembe medar pertengahan taun ieu. dimana
settingna waktos jaman karajaan Melayu Riau Lingga
(abad ka-19). Dina novel eta teh dicarioskeun
Singapura sareng Malaysia, mangrupikeun bagian
karajaan Melayu. Padahal taun kamari urang sadaya
terang, Malaysia "mengklaim" lagu sareng kasenian
nagri urang "diaku-aku" hasil rekacipta nagri
Malaysia.
Tah, Strategi kabudayaan siga kieu, anu kedah ditiru
ku Pemerintah Provinsi Jawa barat. Kumaha sangkan
tiasa "ngarangkul" urang wewengkon Banten, Cirebon
janten salah sahiji "matarantai" bagian Urang Sunda.
Tapi taun kamari, dina hiji berita, Gupernur Jawa
Barat, masihan komentar, "teu naon-naon Cirebon
misahkeun maneh, asal pikeun nyejahterakeun rahayat,
jeung aspirasina ti kalangan rahayat, lain kahayang
jeung aspirasi kelompok elit."
Kumaha tah, mun tos kitu?
baktos,
mrachmat uidipura
--- Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Supaya pedo mah Pemda Jabar kudu nekat
> ngarepresentasikeun Tatar Sunda, jadi kudu aya atuh
> nu ti Banten, Cirebon, Jateng. Mun kieu bae mah
> urang2 nu cicing di dinya teu ngarasa di tatar
> sunda.
>
> Wilujeng taun 2008 Urang Sunda....wilujeng
> progresif, mun rek agresif ge kaci daripada minder.
>
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs