Di era reformasi sareng otonomi daerah, cenah mah,
prakarsa pangwangunan (dina sagala widang) teh
diharepkeun ayana ti "Bottom up" sanes "top Down".
pamarentah diarahkeun, mun janten koordinasi wae.
Leres, nasyarakat anu janten "motor" penggerak
pangwangunan. Tapi, nya kitu tea, aya aparat/birokrat
anu "teu siap" ngadukung konsep ieu. Anu aya mah mung
nyeepkeun SIAP (sisa anggaran Pangwangunan).
"Penguatan" masyarakat (dimana di lebetna diantawisna
LSM), mangrupikeun hiji pesen di era reformasi ieu.
Margi eta teh, kahoyongna para "pendonor" anu
ngadukung rezim orde reformasi. Diharepkeun ku ayana
masyarakat anu "kiat" tiasa ngadukung reformasi sareng
ngaajegkeun demokrasi, anu (ceuk cenah) tiasa
nyejahterakeun rahayat leutik. Upami dina prakna
benten, nya eta mah, panginten konsekuensi anu kedah
"dibayar". Margi dimana wae sareng sistem mana wae anu
bade diterapkeun, sok aya "melencengna". Tah ku
kituna, dina hal sapertos kitum peryogi aya masyarakat
anu "kiat" kanggo ngajaga jalanna reformasi sareng
demokrasi, supados tiasa di "minimalisir".
baktos,
mrachmat uidipura.
--- Yayan Mulyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> punten ach ngiringan
>
> Ceuk cenah mah ayeuna pemda teh ngalolakeun nu aya
> budaya teh ka LSM-
> LSM jeung deui eta surat teh langusng di departemen
> dalam negri.
> Matakna ayeuna dinas pariwisata dan kebudayaan teh
> keur jararangar
> sabab euwuh deui proyek keur maraneh-na. Tapi nu
> jadi pertarosan teh
> naha enya kitu eta SK teh aya, jeung teu di
> umbar-umbar ka urang-
> urang. Jeung deui emang kitu ari pajabat mun euweuh
> proyek teh sok
> ngahariring kuring, tapi teuing ketang
>
> cag ach
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?
Find them fast with Yahoo! Search.
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping