Brilian kang Hasan. Usul supaya aya 10-12an carpon mah, ke jadi kempelan carpon. Kapungkur sim kuring gaduh kumpulan carpon sastrawan klasik amerika nu dikasetkeun, resep pisan ngadanguna. Ieu mun aya carpon basa sunda sip lah. Aya kitu kategori carpon keur barudak, sakali jalan yeuh supaya aya nu pangnyaritakeun carpon ka barudak.
Salam JP Makarya Mawa Raharja ----- Original Message ---- From: mh <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Cc: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED] Sent: Tuesday, January 8, 2008 12:20:21 AM Subject: [Urang Sunda] Urang Nyieun Pasanggiri Maca Carpon Basa Sunda Yu! Baraya sajagat maya, dina raraga mapag poe "basa indung", urang nyieun pasanggiri maca carpon basa Sunda yu! Kumaha carana? Carana urang make sumanegt, ti urang, ku urang, keur balarea. Kieu geura: Ieu rencana teh saenyana geus rada lila dipikiran. Panungtung, bulan tukang, menta tulung ka Teh Roro, menta pangnyadiakeun transkripsi carpon basa Sunda. Duka tos nepi kamana tah. Sugan we dikeureuyeuh. Ieu pasanggiri, urang jieun khas model Kusnet. Carana kieu: Pamilon milih hiji carpon nu geus disadiakeun samemehna. Terus pamilon ngarekam bacaanana kana format digital (contona: mp3). Hasil rekaman kirimkeun ka tukang ngumpulkeun atawa upload ka situs pribadi masing-masing, terus bejaan ka tukang ngumpulkeun, dimana eta file disimpenna. Kumaha cara nganilaina? Jigana kriteriana tong rumit teuing, ukuranana cukup ku ngeunah jeung merenah didengena. Saha nu nganilaina? Nganilaina, ngarah demokratis jeung haratis, urang nilai we ku sarerea, make pooling online. Meureun perlu sababaraha tahapan proses nganilaina, bisa jadi aya sababaraha hambalan. Naon hadiahna? Hadiahna engke we urang dongengkeun deui. Sugan we aya donatur nu haat nyadiakeun hadiah, atawa aya lembaga nu daek ngaleler hadiah. salam, mh ____________________________________________________________________________________ Never miss a thing. Make Yahoo your home page. http://www.yahoo.com/r/hs

