Kitu pisan Kang Jalak, keur jangka panjangna, hasil pasangiri sugan bisa dijadikeun pikeun bahan diajar basa Sunda. Keur ngalatih maca jeung cumarita, kucara maca transkripsina bari ngadengekeun kumaha sorana. Kabita ku sumber diajar basa deungeun, contona basa Inggris jeung Cina, geuning mani sakitu ngaleuyana, bahan pikeun diajar eta basa, nu bisa diakses di Internet. Kucara kieu, asana ieu hiji tarekah ngeuyeuban bahan pangajaran basa Sunda, ngarah bisa diakses ku balarea.
salam, mh On 1/8/08, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Brilian kang Hasan. Usul supaya aya 10-12an carpon mah, ke jadi > kempelan carpon. Kapungkur sim kuring gaduh kumpulan carpon sastrawan klasik > amerika nu dikasetkeun, resep pisan ngadanguna. Ieu mun aya carpon basa > sunda sip lah. Aya kitu kategori carpon keur barudak, sakali jalan yeuh > supaya aya nu pangnyaritakeun carpon ka barudak. > > Salam > JP > > Makarya Mawa Raharja > > > ----- Original Message ---- > From: mh <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Cc: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED] > Sent: Tuesday, January 8, 2008 12:20:21 AM > Subject: [Urang Sunda] Urang Nyieun Pasanggiri Maca Carpon Basa Sunda Yu! > > Baraya sajagat maya, dina raraga mapag poe "basa indung", urang nyieun > pasanggiri maca carpon basa Sunda yu! > > Kumaha carana? Carana urang make sumanegt, ti urang, ku urang, keur > balarea. > > Kieu geura: Ieu rencana teh saenyana geus rada lila dipikiran. > Panungtung, bulan tukang, menta tulung ka Teh Roro, menta > pangnyadiakeun transkripsi carpon basa Sunda. Duka tos nepi kamana > tah. Sugan we dikeureuyeuh. > > Ieu pasanggiri, urang jieun khas model Kusnet. Carana kieu: Pamilon > milih hiji carpon nu geus disadiakeun samemehna. Terus pamilon > ngarekam bacaanana kana format digital (contona: mp3). Hasil rekaman > kirimkeun ka tukang ngumpulkeun atawa upload ka situs pribadi > masing-masing, terus bejaan ka tukang ngumpulkeun, dimana eta file > disimpenna. > > Kumaha cara nganilaina? Jigana kriteriana tong rumit teuing, ukuranana > cukup ku ngeunah jeung merenah didengena. Saha nu nganilaina? > Nganilaina, ngarah demokratis jeung haratis, urang nilai we ku > sarerea, make pooling online. Meureun perlu sababaraha tahapan proses > nganilaina, bisa jadi aya sababaraha hambalan. > > Naon hadiahna? Hadiahna engke we urang dongengkeun deui. Sugan we aya > donatur nu haat nyadiakeun hadiah, atawa aya lembaga nu daek ngaleler > hadiah. > > salam, > mh > > > ------------------------------ > Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it > now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ+> > > >

