Sok lah utrang tambihan kanggo hadiahna mah, 
  etang-etang ngiring ngareuah-reuah...
   
  ssw
   

mh [EMAIL PROTECTED]
          Kang Oman, katampi pisan tawisan hadiahna. Mangga kang urang catet 
heula, tos aya opatan yeuh nu sadia masihan hadiah. Teknisna mah, engke upama 
tos aya pamilon nu unggul, hadiah teras kintunkun ka pamilon pinunjul. 
Tangtuna, saparantosna diklasifikasikeun heula, numutkeun kategorina. Nyalse we 
Kang, kiwari masih persiapan. 

Salam,
mh

  On 1/9/08, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            Kayungyun 
Mh, basana oge: "Urang nyieun...yu!", tandana ngajak ka 
sarerea. Seja rumojong lahir batin.

Aya tawarkeuneun ti si kuring manawi bahan katampi, eta keur hadiah 
tea. Seja nambahan, ngan ti kuring mah hadiahna lain mangrupa duit 
tapi buku. Naha kira-kirana kaaku? Naros soteh pedah wae bukuna masih 
dina basa Indonesia.

Bukuna anu seja ditawarkeun keur hadiah teh nyaeta buku 
ngeunaan "Bencana Gempabumi jeung Tsunami" pedalan kantor kuring keur 
bacaeun murid ti mimiti tingkat TK nepi ka SMA + bacaeun umum (jadi 
sapaket aya 6 buku). Insya Alloh kuring sanggup nyadiakeun eta buku 
keur hadiah pikeun anu meunang dina lomba Kusnet anu diideuan ku Mh 
ieu. Pami katampi sareng cios, wartosan wae ti kaangganganana, si 
kudu nyadiakeun sabaraha paket eta buku keur hadiah. Hatur nuhun.

baktosna,
manAR









      Recent Activity
    
      12
  New Members
  
      1
  New Photos
  
      1
  New Files

Visit Your Group 
      Ads on Yahoo!
  Learn more now.
  Reach customers
  searching for you.

    Real Food Group
  Share recipes,
  restaurant ratings
  and favorite meals.

    Yahoo! Groups
  Be a Better Planet
  Share with others
  Help the Planet.



  .

 
                         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke