Salahsahiji kakukarangan kurikulum sakola di
Indonesia, boh di kota boh di kampung nyaeta kurangna
praktek. Murid loba teung diuk dina korsi
nyanghareupan meja, papan tulis jeung guru.Alat peraga
oge kurang. Murid boro boro bisa nyepeng komputer,
guruna oge can tangtu.
Boro boro murid SD, dalah SMP malihan mah murid SMA
aya oge nu teu acan pernah nyepeng komputer.
Model kurikulum kaku, kurang luwes, guru di udag udag
target saabreg materi pangajaran anu kudu diajarkeun
ka murid, bari jeung buku, alat peraga, laboratorium,
studio jst teu disadiakeun. Padahal materi pangajaran
ge loba tumpang tindih jeung diulang ulang. Contona
pelajaran sejarah, loba diulang ulang ti SD, SMP
tepikeun ka SMA.
Praktek kurang pisan. Padahal keur sababaraha mata
pelajaran mah leuwih penting praktek tibatan teori di
kelas. Komo pelajaran etika mah (baheula mah budi
pekerti). Euweuh hartina meunang peunteun sapuluh ge
ari ngan ukur ngajawab pertanyaan "Membuang sampah
harus di....?" jawab "tempat sampah" bari jeung
sapopoena miceun cangkang permen atawa jajanan naon
bae, sambarangan. Waktu istirahat murid ulin, jajan
atawa ngalakukeun kagiatan naon bae, guru milu
istirahat. Guru ngajar istuning ngajar wungkul.
Padahal waktu istirahat, waktu nu alus pisan keur guru
keur nalingakeun murid, guru bisa nganilai etika murid
muridna. Tuluy dibahas, dibenerkeun jst. teu kudu
ulangan nu eusina pertanyaan sapertos di luhur.
Pendidikan di sakola bisa disinkronkeun jeung
lingkugan di imah jeung lingkungan di masarakat, boh
masarakat sosial sabudeureun imah, boh masarakat
bisnis di kota/kampung. Ayakeun praktek kerja di toko
toko atawa pabrik pabrik nu aya di sabudeureun sakola.
Disinkronkeun jeung aturan (Perda atawa PP) Toko toko
atawa pabrik kudu narima murid nu kerja praktek,
misalna bae make rumus gumantung kana gede leutikna
pausahaan, sababaraha urang nu kerja praktek per taun
(lilana praktek kerja cukup saminggu).
Ayakeun tour ka toko komputer, keur sakadar
memperkenalkeun ka murid murid, nu kumaha komputer
teh, nu boga toko wajib ngalayanan, demo (demo game,
demo excel, words atawa naon bae), tuluy nerangkeun
saeutik "cara kerja" komputer.
Salah kaprah istilah "tour" dihartikeun ngan ukur
piknik senang senang di tempat wisata. Padahal tour nu
bener mah, tour ka toko toko, kantor, super market,
mall, pabrik pabrik nu aya di sabudeureun sakola. Boro
boro budak, kolot ge loba keneh nu teu nyaho mall.
Nongton film pendidikan (VCD) babarengan. contona film
ngeunaan pabrik tahu, pembangkit listrik, komputer,
mobil, jsb.
Wasalam,
Trias
--- fandee_100 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> sakola SD di ciamis teh loba.....tapi (punten)
> miskin tina informasi
> anu modern hususnamah nu di kampung. khususnamah
> negunaan teknologi
> informasi. sok sabara urang budak SD nu geus terang
> jeung nyekel kena
> komputer, leuwih-leuwih ngagunakeun internet.....
> era sabenerna kuring teh....lamun ngobrol jeung
> babaturan nu ti kota,
> SD geus ngasaan nyabak komputer. na ari kuring SMA
> kakara mimiti
> ngaragap komputer....
> sungguhhhh era diri ini...
> jadi?......
>
>
>
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs