tah gening sihoreng teh ditempat kuring wungkul anu jauh tina sentuhan
kamodernan teh...baruk ditempat akang oge sawelas duawelas gening....
eces gening ayeunamah yen komputer teh masih keneh jadi barang mahal pikeun
sabagian dulur urang nu dilembur...
kumaha lamun kisunda mimiti ngagarap ieu wacana, supados teu sebatas
wacana....nya dimimitian ku ngumpulkeun waragad pikeun ngabantu sakola dina
ngenalkeun komputer ka adi-adi jeung anak-anak ki sunda?....


2008/1/9, Fauzan <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>   Salam kenal kang,
> Bade tumaros ari akang Ciamis na palih mana ?
> Abdi ge pun bapa ti Sindangkasih, Cikoneng. Pun istri ti kertaharja,
> Cimerak.
>
> Upami ningal kaayaan di Cimerak kang, khususna lembur pun istri, komputer
> teh masih barang mwah lah istilahna. Eta oge aya hiji Mts Negeri payuneun
> bumi anu parantos nyayogikeun komputer kanggo murid-muridna, tapi komputerna
> sanes anu gaduh sakola eta, tapi kenging nyewa cenah. Cigana kedah aya
> perhatian ti pamarentah kab. Ciamis-na. Atanapi ngantosan ngadamel kabupaten
> anyar tea.
>
> Ari SD mah teu acan keuna ku pelajaran komputer, duka tah upami anu palih
> dayeuh mah.
>
> Abdi ge kang baheula pertama nyabak komputer teh pas SMA, kawon ku putera
> abdi ayeuna, yuswa 4 taun tos tiasa nonton video anak-anak di Youtube
> nyalira.
>
> Wassalam,
>
>
> *fandee_100 <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  sakola SD di ciamis teh loba.....tapi (punten) miskin tina informasi
> anu modern hususnamah nu di kampung. khususnamah negunaan teknologi
> informasi. sok sabara urang budak SD nu geus terang jeung nyekel kena
> komputer, leuwih-leuwih ngagunakeun internet.....
> era sabenerna kuring teh....lamun ngobrol jeung babaturan nu ti kota,
> SD geus ngasaan nyabak komputer. na ari kuring SMA kakara mimiti
> ngaragap komputer....
> sungguhhhh era diri ini...
> jadi?......
>
>
>
>  ------------------------------
> Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! 
> Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping>
>
> 
>

Kirim email ke