Salam kenal kang,
Bade tumaros ari akang Ciamis na palih mana ? 
Abdi ge pun bapa ti Sindangkasih, Cikoneng. Pun istri ti kertaharja, Cimerak.

Upami ningal kaayaan di Cimerak kang, khususna lembur pun istri, komputer teh 
masih barang mwah lah istilahna. Eta oge aya hiji Mts Negeri payuneun bumi anu 
parantos nyayogikeun komputer kanggo murid-muridna, tapi komputerna sanes anu 
gaduh sakola eta, tapi kenging nyewa cenah. Cigana kedah aya perhatian ti 
pamarentah kab. Ciamis-na. Atanapi ngantosan ngadamel kabupaten anyar tea.

Ari SD mah teu acan keuna ku pelajaran komputer, duka tah upami anu palih 
dayeuh mah. 

Abdi ge kang baheula pertama nyabak komputer teh pas SMA, kawon ku putera abdi 
ayeuna, yuswa 4 taun tos tiasa nonton video anak-anak di Youtube nyalira. 

Wassalam,   
   

fandee_100 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               sakola SD 
di ciamis teh loba.....tapi (punten) miskin tina informasi 
 anu modern hususnamah nu di kampung. khususnamah negunaan teknologi 
 informasi. sok sabara urang budak SD nu geus terang jeung nyekel kena 
 komputer, leuwih-leuwih ngagunakeun internet.....
 era sabenerna kuring teh....lamun ngobrol jeung babaturan nu ti kota, 
 SD geus ngasaan nyabak komputer. na ari kuring SMA kakara mimiti 
 ngaragap komputer....
 sungguhhhh era diri ini...
 jadi?......

     
        



       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

Kirim email ke