Hatur nuhun Kang Rachmat, artikelna tos diaos, sae pisan. Nyaan 
bengras ari panoong ti nu lian mah, teu dengdek topi.

Aya bagean anu matak narik ati, nyaeta (teuing padalisan ka 
sabaraha), lebah nyaritakeun demo anti Cina di Bandung, taun 1973 
jeung nyabit-nyabit seler Sunda jeung sikep divisi Siliwangi kana eta 
kajadian. Mun teu salah, pamandangan nu nulis lebah kajadian eta kl 
kieu: yen tangtara ti divisi Siliwangi teu pati represif kana demo 
anti Cina di Bandung eta (anu sabenerna- ceuk nu nulisna, ngarupakeun 
tanda-tanda awal kajadian Malari), sabab...aranjeunna oge siga anu 
rada biluk ka sikepo masyarakat, mahasiswa jeung golongan tengah (anu 
nyatujuan/boga lalakon dina eta demo). 

Eta sikep ngarupakeun salah sahiji bukti ayana parebutan kakawasaan 
anu rerencepan antara golongan ABRI anu "protes" kana politik ABRI 
HMS vs golongan ABRI anu aya dina kulawadet Asprina HMS (anu 
kakawasaanana ngaleuwihan menteri derpartemen jeung pajabat abri 
sejenna). Sugan teu salah kitu oge da macana karek saliwatan.

Kacindekan umum tina padalisan ngeunaan demo Cina di Bandung taun 
1973: Divisi Siliwangi- sok sanjan pangdamna karek diganti (ku 
kelompok "Diponegoro") - tetela anggotana mah masih mikirkeun nasib 
bangsa jeung rahayat Indonesia. Kawijakan pangwangunan jeung politik 
ABRI-na HMS harita teu asup kana budaya Div Siliwangi sabab 
ngabalukarkeun rajakaya numpuk di sabagean leutik golongan jelema 
(nyatana gegeden ABRI jeung padagang Cina oge bangsa lian anu 
nanamkeun modalna di Indonesia, utamana Jepang jeung AS). Kitu sugan.

baktosna,
manAR 


--- In [email protected], MRachmat Rawyani 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Naon Malapetaka 15 Januari 1974 teh?
> Kumaha pangalaman salah sawios warga jakarta
> dina ping 15 Januari 1974?
> Mangga diilo di http://www.gracias-id.org
> 
> baktos,
> 
> mrachmat Uidipura
> karya mawa bagja jang sasama
> 
> 
> 
> 
>       
______________________________________________________________________
______________
> Looking for last minute shopping deals?  
> Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping
>


Kirim email ke