Dua minggu kapengker simkuring (ngawakilan PP-SS) tos ngawangkong sareng Kang Ganjar perkawis pasanggiri Tarucing Cakra nganggo komputer dina raraga Poé Basa Indung téa, sakumaha nu tos diémbarkeun ku Kang Ganjar dina ieu milis. Énjing rarancang téh badé ngobrol deui sareng Kang Ganjar kanggo langkung maheutkeun éta acara. Pangpangna dina sual téknis sareng tatacarana.
Mung nu kaémut téh, dina prungna téh nu tiasa ngiringan mung 50 urang, kitu gé kedah hadir ka Unpad dina ping 21 Pébruari téa. Tah, énjing téh sigana badé usul, kumaha upami ngadamel pasanggiri tarucing cakra vérsi sanésna, nyaéta online di Internet, supados nu ngiringanana tiasa saalam dunya. Waktosnya nya dipatalikeun sareng acara HBI, naha diwatesanan saminggu, upamina. Nu panggancangna ngawaler, sarta leres deuih, dipasihan hadiah. Rupina aturanana tiasa kieu: 1. Waktos pasanggiri dikawitan ti ping 14 - 19 Pebruari 2008. 2. Nu badé ngiringan kedah daftar heula sacara online, nyebatkeun jenengan, alamat, user, password, jsb. 3. Sadaya pamilon henteu kedah mayar. 4. Pamilon nu tos disaluyuan ku panita dipasihan user sareng password kanggo login ka rohangan tarucing cakra. Tempat nyimpen program tarucingna mah tiasa di situs mana baé, Kusnét, ppss.or.id, bolotot.com, jsté. 5. Supados teu aya nu curang, sadaya pamilon mung tiasa login (muka program tarucing cakra) sakali. 6. Pinunjul diumumkeun ping 20 Pebruari 2008, hadiahna dipasrahkeun dina acara Miéling Poé Basa Indung Internasional 2008 di Unpad. Émutaneun téh panginten: 1. Ngadamel programna (soal tarucing kedah bénten sareng nu di UNPAD). Programna mah tiasa ngahiras ka Kang Soni (upami badé nganggo Macromedia), atanapi insya Alloh simkuring gé tiasa ngiring mantuan. 2. Naon sareng ti mana hadiahna. Sakitu nu kapihatur. Bilih aya kamandang ti nu sanésna. Baktosna, Dadan Sutisna

