aing teu kuat maca ieu email....
di warnet siga nu gelo babarakatakan sorangan......nepi ka di
geungeureuhkeun kunu jaga warnet....
aya aya we kang awan mah......
jandede-semarang


Pada tanggal 18/01/08, awan <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
>
>    Bu Lia téh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah.
> Barudak awéwé mah biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu
> borokokok.
> Unggal badé réngsé palajaran, anjeuna sok ngetést murid-muridna.
> Poé kahiji.
> "Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal irregular verb, anu bisa ngajawab
> bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia.
> "Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! ", ibu
> ngancem
> "Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !", ibu guru Lia naros.
> "Bring - brought - brought, hartosna nyandak"
> "Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy baé !", si Yogi katelah tukang heureuy.
> "Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR".
> "Nangtung dihareup ! Dadan ! "
> "Brang - bréng - brong, hartosna ema ngambek di dapur alatan teu gaduh
> béas"
> "Nangtung dihareup ! Dikdik ! "
> "Begang - begéng - begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih "
> "Nangtung dihareup ! Yusuf ! "
> "Dar - dér - dor, hartosna perang di Irak jeung Paléstina"
> "Nangtung dihareup ! Mulyana ! "
> "Pak - pik - pek, hartosna abdi bébérés di bumi "
> "Bohong manéh mah tara bébérés .Nangtung dihareup ! Dadang !
> "Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang "
> "Nangtung dihareup ! Nandang ! "
> "Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan "
> "Nangtung dihareup ! Naddy ! "
> "Plak - plék - plok, hartosna bararahé "
> "Masingna asé réhé atuh ! Nangtung dihareup ! Adhi ! "
> "Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur "
> "Nangtung dihareup ! Kabéh baralegug ! Déddy ! "
> Si Déddy téh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun
> ditanya.
> Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia.
> Bakating ku geumpeur, ari seduuut …. téh hitut !
> "Brat - brét - brot nyah ! ?, saur ibu Lia mayunan : " Kaluar kabéh ! ",
> ibu Lia bendu.
>
> Poé ka dua.
> "Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal present continous, anu bisa ngajawab
> bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia.
> "Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! ", ibu
> ngancem
> "Ridwan, sok sebutkeun contona present continous !", ibu guru Lia naros.
> "Hi istuning (he is tuning),hartosna dia keterlaluan ".
> "Manéh nu istuning belegug pisan mah ! Déni !
> "Déy weureu daun (they were down), hartosna mereka weureu daun"
> " Weureu daun naon manéh téh Déni ?!, kahareup kabéh! Matak TBC ngajar
> barudak kawas kieu mah !", bu Lia bendu.
> " Ah moal bu, buktosna pun rama ngajar di KTB TC séhat-séhat saja tuh…."
> " Heueh da gajihna béda jeung guru SD ! "
>
> http://awan965.web.id/
>
> 
>

Kirim email ke