Ampun Gusti, dugi ka seeleun kieu,.......aya tauna teu lolongok kadieu, ari gok nimu nu kieu. Nuhun pisan kintunan landong baeudna ki dulur.
On Sat, 19 Jan 2008 17:48:27 -0800 (PST) awan wandut <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > wilujeng babarakatakan.... hehehe > > dede solehudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > aing teu kuat maca ieu email.... > di warnet siga nu gelo babarakatakan sorangan......nepi >ka di geungeureuhkeun kunu jaga warnet.... > aya aya we kang awan mah...... > jandede-semarang > > > Pada tanggal 18/01/08, awan <[EMAIL PROTECTED]> menulis: > > Bu Lia téh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk >barudak mah. > Barudak awéwé mah biasana balageur, béda jeung barudak >lalaki nu borokokok. > Unggal badé réngsé palajaran, anjeuna sok ngetést >murid-muridna. > Poé kahiji. > "Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal irregular verb, >anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", saur >ibu guru Lia. > "Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti >kantor ! ", ibu ngancem > "Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !", ibu >guru Lia naros. > "Bring - brought - brought, hartosna nyandak" > "Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy baé !", si Yogi katelah >tukang heureuy. > "Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR". > "Nangtung dihareup ! Dadan ! " > "Brang - bréng - brong, hartosna ema ngambek di dapur >alatan teu gaduh béas" > "Nangtung dihareup ! Dikdik ! " > "Begang - begéng - begung, hartosna siga awak Datuk >Maringgih " > "Nangtung dihareup ! Yusuf ! " > "Dar - dér - dor, hartosna perang di Irak jeung >Paléstina" > "Nangtung dihareup ! Mulyana ! " > "Pak - pik - pek, hartosna abdi bébérés di bumi " > "Bohong manéh mah tara bébérés .Nangtung dihareup ! >Dadang ! > "Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang " > "Nangtung dihareup ! Nandang ! " > "Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan " > "Nangtung dihareup ! Naddy ! " > "Plak - plék - plok, hartosna bararahé " > "Masingna asé réhé atuh ! Nangtung dihareup ! Adhi ! " > "Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur " > "Nangtung dihareup ! Kabéh baralegug ! Déddy ! " > Si Déddy téh budak nu geumpeuran, titatadi geus >ngahodhod sieuneun ditanya. > Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia. > Bakating ku geumpeur, ari seduuut . téh hitut ! > "Brat - brét - brot nyah ! ?, saur ibu Lia mayunan : " >Kaluar kabéh ! ", ibu Lia bendu. > Poé ka dua. > "Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal present continous, >anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", saur >ibu guru Lia. > "Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti >kantor ! ", ibu ngancem > "Ridwan, sok sebutkeun contona present continous !", ibu >guru Lia naros. > "Hi istuning (he is tuning),hartosna dia keterlaluan ". > "Manéh nu istuning belegug pisan mah ! Déni ! > "Déy weureu daun (they were down), hartosna mereka >weureu daun" > " Weureu daun naon manéh téh Déni ?!, kahareup kabéh! >Matak TBC ngajar barudak kawas kieu mah !", bu Lia bendu. > " Ah moal bu, buktosna pun rama ngajar di KTB TC >séhat-séhat saja tuh ." > " Heueh da gajihna béda jeung guru SD ! " > > http://awan965.web.id/ > > > > > > > > > > > > > > > --------------------------------- > Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.

