Basa Jerman oge aya gaya heureuy Sunda mah " Ich bin ngagejlog gereuhakeun".......Pek si Kabyan sina maca Basa Inggis lapal Sunda " Are we and you ! " (Naha urang sarerea jeung maneh !).
On 1/18/08, awan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Bu Lia téh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah. > Barudak awéwé mah biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu > borokokok. > Unggal badé réngsé palajaran, anjeuna sok ngetést murid-muridna. > Poé kahiji. > "Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal irregular verb, anu bisa ngajawab > bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia. > "Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! ", ibu > ngancem > "Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !", ibu guru Lia naros. > "Bring - brought - brought, hartosna nyandak" > "Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy baé !", si Yogi katelah tukang heureuy. > "Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR". > "Nangtung dihareup ! Dadan ! " > "Brang - bréng - brong, hartosna ema ngambek di dapur alatan teu gaduh > béas" > "Nangtung dihareup ! Dikdik ! " > "Begang - begéng - begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih " > "Nangtung dihareup ! Yusuf ! " > "Dar - dér - dor, hartosna perang di Irak jeung Paléstina" > "Nangtung dihareup ! Mulyana ! " > "Pak - pik - pek, hartosna abdi bébérés di bumi " > "Bohong manéh mah tara bébérés .Nangtung dihareup ! Dadang ! > "Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang " > "Nangtung dihareup ! Nandang ! " > "Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan " > "Nangtung dihareup ! Naddy ! " > "Plak - plék - plok, hartosna bararahé " > "Masingna asé réhé atuh ! Nangtung dihareup ! Adhi ! " > "Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur " > "Nangtung dihareup ! Kabéh baralegug ! Déddy ! " > Si Déddy téh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun > ditanya. > Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia. > Bakating ku geumpeur, ari seduuut …. téh hitut ! > "Brat - brét - brot nyah ! ?, saur ibu Lia mayunan : " Kaluar kabéh ! ", > ibu Lia bendu. > > Poé ka dua. > "Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal present continous, anu bisa ngajawab > bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia. > "Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! ", ibu > ngancem > "Ridwan, sok sebutkeun contona present continous !", ibu guru Lia naros. > "Hi istuning (he is tuning),hartosna dia keterlaluan ". > "Manéh nu istuning belegug pisan mah ! Déni ! > "Déy weureu daun (they were down), hartosna mereka weureu daun" > " Weureu daun naon manéh téh Déni ?!, kahareup kabéh! Matak TBC ngajar > barudak kawas kieu mah !", bu Lia bendu. > " Ah moal bu, buktosna pun rama ngajar di KTB TC séhat-séhat saja tuh…." > " Heueh da gajihna béda jeung guru SD ! " > > http://awan965.web.id/ > > >

