Nu jelas demokrasi teh perlu duit gede. Aya babaturan rek nyalonkeun jadi bupati dihiji kabupaten di Jabar, tapi duitna saeutik. Matak karunya, ambisi gede ... tapi duitna euweuh. Ceuk manehna keur ngawanohkeun ka masyarakat, manehna sering unjung-anjang ka masjid- masjid/ kumpulan pangajian. Tangtu we bari mawa oleh-oleh: Kurudung, Al Qur'an, kopeah .... Barang ditanya geus beak sabaraha kikituan, lumayan cenah 50 juta mah. Padahal manehna ukur kukulibekan kakara di hiji kacamatan.
Acan deuih duit keur partey nu nyalonkeun. Eta oge make tarif, bisa ratusan juta tepi ka milyaran rupiah. Sigana Pa Lidle kudu nalungtik oge .... urang Indonesia teh keur sedep pisan kana duiiiiit! Baktos, WALUYA --- In [email protected], "dudi_ss" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Pajarkeun urang sunda teu resep kana pulitik nu matak loba pejabat dibirokrasi jeung parlemen di urang dieusi ku seler sejen, kukituna sikuring umajak supaya "ulah bau kana ubar" ieu aya artikel lain pulitik tapi tatanegara, henteu panjang lebar tapi cukup ngabarkeun, jeung urang bisa nyiapkeun tarekah kapiharepeun, kudu kumaha supaya urang sunda bisa midang? > wassalam > dudi_ss

