Saleresna nu bener-bener pakarang paranti tarung mah keris, nu di tatar sunda 
mah jieunan (tangguh) sepuh nyaeta galuh, pajajaran jeung cirebon. Ari kujang 
mah mirip kudi di jatim nyaeta mirip kored/clurit keur ngored. Katerusnakeun 
kujang mah fungsina jadi simbol lain pakarang.

Saprak Bubat sacara sistematis urang wetan ngurangan nepi ka ngaleungitkeun 
tradisi nyoren keris di urang sunda. Komo jaman mataram sultan agung mah jadi 
ngan pangagung hungkul nu meunang nyekel keris. Pangaruhna gede pisan sipat 
urang sunda jadi "asing" kana pakarang, lila-lila sifat ksatria nu gede wawanen 
ngaping lemah cai beuki luntur jeung leungit ti urang sunda. Jadi mun ayeuna 
pada epes meer, geumpeur kanu nyoren keris, clurit, badik, rencong eta mah geus 
bisa kajeungkal ti dituna. 

Nu cilaka ayeuna mah urang sunda teh nyekel keris henteu, kujang oge henteu! 
Keris identik jeung urang wetan padahal nu kasebut keris sepuh nyaeta tangguh 
galuh, pajajaran jeung majapahit (kaasup tuban). Urang sunda leungit ku cirina, 
maung jadi ompong teu kukuan.

Keur sim kuring mah URANG SUNDA PERLU NYONTO URANG JEPANG. 
ELEH PERANG TEU MEUNANG NYOREN SAMURAI, TAPI TETEP NGAJARKEUN, NGALATIH KENDO 
TI LALEUTIK KENEH. FIGHTING SPIRIT TETEP DIPIARA, HASILAN URANG JEPANG GEDE 
WAWANEN DI SAGALA WIDANG.

Urang kudu balik ngajarkeun deui Maos (qur'an, etika, moral), Mamaos (elmu 
umum), Menca jeung ngaakrabkeun deui KERIS SUNDA.

Hapunten ka saderek nu manukna ngeunaan pakarang bilih sim kuring teu akurat. 
Tapi mun aya nu nganggap urang sunda teu boga tradisi keris eta mah sajuta 
persen ngaco.

Audaces Fortuna Iuvat
nasib nu hade ngabantu kanu boga wawanen

Jalak Pakuan
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Thursday, January 31, 2008 1:17:46 AM
Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Nyarekel Kujang

Nyaéta matak hémeng penggalih ceuk bahasa dalang mah. Cenah ceuk sakaol kujang 
téh pakarang (paranti tarung). Tapi gening teu disebut-sebut dina nakah kuno 
mah. Dina Kidung  Sunda (basa Jawa Kuno) dicaritakeun salasapuluh pakarang 
urang Sunda dina perang Bubat téh keris (samasakali teu nyabit-nyabit kujang). 
Dina naskah Bujangga Manik ogé hadiah anu disadiakeun Ajung Larang pikeun 
Bujangga Manik téh keris (lain kujang). Ceuk mang Sahari gening kujang teh 
pikeun ngarit. Naha ku naon nya? Aya nu tiasa ngaguar?
 
Salam,
Aschev



----- Original Message ----
From: dudi herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Thursday, January 31, 2008 1:13:20 PM
Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Nyarekel Kujang


heuheu... langsung ti kal el... putra mahkota republik kripton sertipikatna ge. 
tah kujang digital mah jigana ngaharib-harib kujang nu sok ngadadak asup kana 
beuteung bareng jeung kompor :))

kamari meunang carita. kabeneran panggih jeung urang kanekes ti lembur 
cikadu.... kabeneran galehgeh, teu koret ngajawab lamun ditanya. 

"mang sahari, ari di kanekes aya kujang?"
"euweuh"
"eta ari ngarit make naon?"
"nya kujang atuh!"
"je ari dia... mang sahari, geuning teu mawa kadu? pajar urang cikadu?"
"halah teu boga kadu kami mah, aya ge keuyeup jeung hurang di cikadu mah!"

heuheu... bae ah lieur ge

d


On Jan 31, 2008 1:07 PM, Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED] co.id> wrote:

Kenging sartifikatna oge teu ieu teh ........!? 
Cumuun tah kumargi pami dibekel ka Bali mah sok aya pamariosan atuh da .........
 
Sareng eta deuih ..... 
- Disaina kumaha  (pan supaya aya simaan kudu boga ciri urang sunda abad 21)
Abad 21 teh jaman digital tea sanes ....... kumaha nya ari kujang digital 
.....!? he... he... he...
 
haturan,
gl
------------
 
_,___ 



-- 
d-:
~karék cénah~ 





Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. 



      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke