Sihoreng, Kujang teh aya jalu sareng bikang nya ?
nembe apal ...

da sakaterang mah, Keris teh ngarupakeun Pakarang.
mun aya nu bikang mah sebutanana meureun Bukarang nya ?
hi hi


-Jay-

--- In [email protected], Aschev Schuraschev 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kengin wartos tina Internét kieu:
>  
> Keris cenah mitembeyan didamel dina abad ka 7. Keris ogé cenah 
asli ti Malaysia, Indonésia sareng Filipina béh kidul. Keris nu 
munggaran cenah diilhaman ku sarupining pépésoan nu seukeut dua 
sisina nu aya di Viétnam dina abad ka-3 saacan lahirna nabi Isa.
>  
> Janten wajar upami urang Sunda ogé geus maké éta pakarang ti jaman 
baheula mula.
>  
> Lamun kujang cenah mah asli Sunda. Ku urang wétan, kujang téh 
katelah kudi. Wangun kujang nu munggaran cenah diilhaman ku alat 
tatanén (tatani?) anu réa dipaké dina abad 4 nepi ka 7 Maséhi. 
Bentuk kujang kiwari cenah munggaran mecenghul dina abad 9 – 12 
Maséhi. Baheula mah kujang téh bentukna teh jiga pulo Jawa sarta 
dibolongan di tilu tempat ngagambarkeun ajaran trimurti dina Hindu, 
ari kabéhdieunakeun mah wangunana teh jiga aksara syin (aksara awal 
syahadat) sarta bolongna téh lima pikeun ngagambarkeun rukun Islam.
>  
> Kulantaran asli Sunda, kuring pesen kujang ka kang Dudi sapasang, 
jalu jeung bikang.
> 
> Salam,
> Aschev
>  
> 
>  
> ----- Original Message ----
> From: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Thursday, January 31, 2008 6:58:29 PM
> Subject: Kujang vs Keris Re: Bls: [Urang Sunda] Nyarekel Kujang
> 
> Saleresna nu bener-bener pakarang paranti tarung mah keris, nu di 
tatar sunda mah jieunan (tangguh) sepuh nyaeta galuh, pajajaran 
jeung cirebon. Ari kujang mah mirip kudi di jatim nyaeta mirip 
kored/clurit keur ngored. Katerusnakeun kujang mah fungsina jadi 
simbol lain pakarang.
>  
> Saprak Bubat sacara sistematis urang wetan ngurangan nepi ka 
ngaleungitkeun tradisi nyoren keris di urang sunda. Komo jaman 
mataram sultan agung mah jadi ngan pangagung hungkul nu meunang 
nyekel keris. Pangaruhna gede pisan sipat urang sunda jadi "asing" 
kana pakarang, lila-lila sifat ksatria nu gede wawanen ngaping lemah 
cai beuki luntur jeung leungit ti urang sunda. Jadi mun ayeuna pada 
epes meer, geumpeur kanu nyoren keris, clurit, badik, rencong eta 
mah geus bisa kajeungkal ti dituna. 
>  
> Nu cilaka ayeuna mah urang sunda teh nyekel keris henteu, kujang 
oge henteu! Keris identik jeung urang wetan padahal nu kasebut keris 
sepuh nyaeta tangguh galuh, pajajaran jeung majapahit (kaasup 
tuban). Urang sunda leungit ku cirina, maung jadi ompong teu kukuan.
>  
> Keur sim kuring mah URANG SUNDA PERLU NYONTO URANG JEPANG. 
> ELEH PERANG TEU MEUNANG NYOREN SAMURAI, TAPI TETEP NGAJARKEUN, 
NGALATIH KENDO TI LALEUTIK KENEH. FIGHTING SPIRIT TETEP DIPIARA, 
HASILAN URANG JEPANG GEDE WAWANEN DI SAGALA WIDANG.
>  
> Urang kudu balik ngajarkeun deui Maos (qur'an, etika, moral), 
Mamaos (elmu umum), Menca jeung ngaakrabkeun deui KERIS SUNDA.
>  
> Hapunten ka saderek nu manukna ngeunaan pakarang bilih sim kuring 
teu akurat. Tapi mun aya nu nganggap urang sunda teu boga tradisi 
keris eta mah sajuta persen ngaco.
>  
> Audaces Fortuna Iuvat
> nasib nu hade ngabantu kanu boga wawanen
>  
> Jalak Pakuan
>  
> Makarya Mawa Raharja
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
> Sent: Thursday, January 31, 2008 1:17:46 AM
> Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Nyarekel Kujang
> 
> 
> Nyaéta matak hémeng penggalih ceuk bahasa dalang mah. Cenah ceuk 
sakaol kujang téh pakarang (paranti tarung). Tapi gening teu disebut-
sebut dina nakah kuno mah. Dina Kidung  Sunda (basa Jawa Kuno) 
dicaritakeun salasapuluh pakarang urang Sunda dina perang Bubat téh 
keris (samasakali teu nyabit-nyabit kujang). Dina naskah Bujangga 
Manik ogé hadiah anu disadiakeun Ajung Larang pikeun Bujangga Manik 
téh keris (lain kujang). Ceuk mang Sahari gening kujang teh pikeun 
ngarit. Naha ku naon nya? Aya nu tiasa ngaguar?
>  
> Salam,
> Aschev
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: dudi herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com>
> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
> Sent: Thursday, January 31, 2008 1:13:20 PM
> Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Nyarekel Kujang
> 
> 
> heuheu... langsung ti kal el... putra mahkota republik kripton 
sertipikatna ge. tah kujang digital mah jigana ngaharib-harib kujang 
nu sok ngadadak asup kana beuteung bareng jeung kompor :))
> 
> kamari meunang carita. kabeneran panggih jeung urang kanekes ti 
lembur cikadu.... kabeneran galehgeh, teu koret ngajawab lamun 
ditanya. 
> 
> "mang sahari, ari di kanekes aya kujang?"
> "euweuh"
> "eta ari ngarit make naon?"
> "nya kujang atuh!"
> "je ari dia... mang sahari, geuning teu mawa kadu? pajar urang 
cikadu?"
> "halah teu boga kadu kami mah, aya ge keuyeup jeung hurang di 
cikadu mah!"
> 
> heuheu... bae ah lieur ge
> 
> d
> 
> 
> On Jan 31, 2008 1:07 PM, Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED] co.id> wrote:
> 
> Kenging sartifikatna oge teu ieu teh ........!? 
> Cumuun tah kumargi pami dibekel ka Bali mah sok aya pamariosan 
atuh da .........
>  
> Sareng eta deuih ..... 
> - Disaina kumaha  (pan supaya aya simaan kudu boga ciri urang 
sunda abad 21)
> Abad 21 teh jaman digital tea sanes ....... kumaha nya ari kujang 
digital .....!? he... he... he...
>  
> haturan,
> gl
> ------------
>  
> _,___ 
> 
> 
> 
> -- 
> d-:
> ~karék cénah~ 
> 
> 
> 
> 
> 
> Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. 
> 
> 
> 
> 
> 
> Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! 
Search. 
> 
> 
> 
>       
_____________________________________________________________________
_______________
> Looking for last minute shopping deals?  
> Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?
category=shopping
>


Kirim email ke