implengan si uing mah kieu, meureun gaya upama urang bisa ngahudangkeun deui
kagiatan sore di madrasah ngaliwatan karangtaruna jeung pamuda masjid. salah
sahiji kagiatanana nya eta tea, MENCA, disagedengeun kagiatan madrasaha nu
lianna. bisa teu nya nyieun jaringan gawe nu bisa ngahirupkeun deui kagiatan
sore di madrasah. (mh)

On 2/1/08, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Tah ku kituna baraya,
> urang nga hangkeutkeun deui pangaweruh jeung kacinta urang kana Penca.
> di internet aya forumna.
>
> www.sahabatsilat.com
>
> sanajan ieu lain khusus ngabahas silat sunda, tapi aktifisna loba urang
> sunda.
>
> hayang nyaho Cimande, Cikalong, Ulin Kari, Ulin Madi, jrrd.
>
> lamun hayang milu latihan, unggal saptu jam 10 isuk-isuk di padepokan
> silat Taman Mini Indonesia Indah.
>
> sok gabung di www.sahabatsilat.com
>
> urang ramekeun dunia persilatan. :)
>
>
>
> On Jan 31, 2008 6:58 PM, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >    Saleresna nu bener-bener pakarang paranti tarung mah keris, nu di
> > tatar sunda mah jieunan (tangguh) sepuh nyaeta galuh, pajajaran jeung
> > cirebon. Ari kujang mah mirip kudi di jatim nyaeta mirip kored/clurit keur
> > ngored. Katerusnakeun kujang mah fungsina jadi simbol lain pakarang.
> >
> > Saprak Bubat sacara sistematis urang wetan ngurangan nepi ka
> > ngaleungitkeun tradisi nyoren keris di urang sunda. Komo jaman mataram
> > sultan agung mah jadi ngan pangagung hungkul nu meunang nyekel keris.
> > Pangaruhna gede pisan sipat urang sunda jadi "asing" kana pakarang,
> > lila-lila *sifat ksatria* nu gede wawanen ngaping lemah cai beuki luntur
> > jeung leungit ti urang sunda. Jadi mun ayeuna pada epes meer, geumpeur kanu
> > nyoren keris, clurit, badik, rencong eta mah geus bisa kajeungkal ti dituna.
> >
> >
> > Nu cilaka ayeuna mah urang sunda teh nyekel keris henteu, kujang oge
> > henteu! Keris identik jeung urang wetan padahal nu kasebut keris sepuh
> > nyaeta tangguh galuh, pajajaran jeung majapahit (kaasup tuban). Urang sunda
> > leungit ku cirina, maung jadi ompong teu kukuan.
> >
> > Keur sim kuring mah URANG SUNDA PERLU NYONTO URANG JEPANG.
> > ELEH PERANG TEU MEUNANG NYOREN SAMURAI, TAPI TETEP NGAJARKEUN, NGALATIH
> > KENDO TI LALEUTIK KENEH. FIGHTING SPIRIT TETEP DIPIARA, HASILAN URANG JEPANG
> > GEDE WAWANEN DI SAGALA WIDANG.
> >
> > Urang kudu balik ngajarkeun deui Maos (qur'an, etika, moral), Mamaos
> > (elmu umum), Menca jeung ngaakrabkeun deui KERIS SUNDA.
> >
> > Hapunten ka saderek nu manukna ngeunaan pakarang bilih sim kuring teu
> > akurat. Tapi mun aya nu nganggap urang sunda teu boga tradisi keris eta mah
> > sajuta persen ngaco.
> >
> > Audaces Fortuna Iuvat
> > nasib nu hade ngabantu kanu boga wawanen
> >
> > Jalak Pakuan
> >
> > Makarya Mawa Raharja
> >
> >
>  
>

Kirim email ke