Inohongna Malolor, Cep Sukma Juragan Bupati Sukabumi, Cing Gawe teh nu baleg urus wargana atuh????
Keuheul, mana teuing tah si arab teh "merobek-robek" harga diri awewe nu dikawin kontrak..?? nu keur keuheul pedah inohongna teu barisaeun gawe, coba tewakan tah calo2 na jeblos keun ka penjara. 2008/2/7, Waluya <[EMAIL PROTECTED]>: > > Tadi sore kuring lalajo acara "Telusur" ti stasion TV "LaTivi", nu > topikna > "Kawin Kontrak Lewat HP". Cenah, ayeuna kawin kontrak antara urang Timur > Tengah jeung awewe ti Indonesia, khususna di daerah Sukabumi geus make > teknologi canggih, handphone 3G. Biasana carana di kamar hotel, > rerencepan, > nu nyaksian ukur kolot awewe, panghulu "kajajaden" jeung sang makelar. > "ijab > Qobul" kawin, make HP 3G, jadi "Si Arab" teu kudu datang ka Indonesia. > Make > kamera nu disumputkeun, wartawan TV ieu bisa ngarekam kajadianana. Dina > rekamanana kadenge aya sora basa Arab jeung basa Indonesia, mas kawinna nu > > kareungeu 20 juta rupiah ( kurang leuwih 2000 USD). Geus kitu aya ucapan: > "Sah ....sah....sah ....". Sigana mah ti panghulu "kajajaden". > > Si Awewe nu geus "dikawin kontrak" engke dikirim ku makelar ka Arab, > papanggih jeung salaki kontrakna di Tanah Arab. Ceuk makelarna, waktu > diwawancara, manehna meunang sabuduereun satengahna ti mas-kawin, jadi > lamun > 20 juta, manehna meunang antara 9-10 juta rupiah. Hiji usaha nu > nguntungkeun. Si Awewe nu dikontrak, alesanana hayang nyenangkeun kolot, > ari > kolotna boga alesan tinimbang ngablu kaditu-kadieu, mending kawin kontrak > , > cenah mah jadi boga "masa depan" ...... > > Salah saurang ketua MUI, waktu diwawancara nyarios, kawin kontrak teu > meunang dina Islam, ieu sarua jeung jinah. Komo ceuk aktivis perempuan > mah, > cenah, salian ti prostitusi oge mangrupakeun perbudakan/ perdagangan > manusa. > > Tapi anehna, sanajan ceuk itu jeung ieu kawin kontrak teh sarua jeung > jinah, > tapi tetep we "jalan terus". Ceuk acara TV eta, kantong-kantong awewe nu > bisa diajak kawin-kontrak aya di daerah Sukabumi jeung Cianjur. Para > makelar / calo asruk-asrukan di kampung-kampung di daerah ieu. > > Terus terang, lalajo acara eta, aya rasa "mentegeg", asa kahina, jeung > ambek > kapegung, da Sukabumi teh geus asa lembur sorangan, sanajan lembur > pamajikan > oge. Tapi rek ngambek kasaha, da meureun faktana kitu. Ngan hayang > ngurihit > ka para inohong di Sukabumi jeung Cianjur, cik lah ngayakeun tindakan, > ulah > "image" Sukabumi jeung Cianjur teh jadi goreng kieu. Tindakan nu nyata, > lain > tindakan ukur sakadar slogan ........ > > Baktos, > WALUYA > > > -- --------------------------------------------- Salam Sejahtera : Wassalam Mualaikum Warahmatullahi Wabarrakatuh ---------------------------------------------

