Rada kaget oge si kuring nempo dhipa, teu sasari nulis loba -ngiritik- soal kagiatan baraya kusnet, eta pajemuhan di wisma unpad tea.
Dicemplungkeun ka kusnet, nu teu apal jadi nyaho. Ciga -teu ngeunah make c mah, Siga kang Agus paku nu ngarasa didiskriminasi. Tangtu ngarasa milu reueus aya kagiatan, sanajan hanjakal teu bisa miluan. Da ongkoh geus boga hancaeun tea. Ku kajadian kitu, si kuring salaku Jurie G Jarian, eh kuncen # 3, seksi teuing, menta maksa, sangkan teu kajadian deui aya baraya kusnet nu ngarasa didiskriminasi, atawa diapilainkeun - Kahareup, sagala rupa rencana, acara saha bae oge, nu mawa ngaran kusnet, wajib hukumna, dialungkeun heula ka milis ieu. Sangkan sadaya baraya apal. Siga biasa ari aya kagiatan. Urang diajar bruk brak (transparan). Sanajan cenah urang boga warisan adat ngahuma tea, jeung cara kitu ciri atawa bukti ngahuma eta. Urusan nu dibahas dina chating, ngan ukur berlaku di wilayah chating. Teu bisa jadi kacindekan kusnet. Mun hasilna dialungkeun ka kusnet sangkan aya tanggapan, kaci jeung hade pisan. Biasana oge, waragad acara pajemuhan (baheula istilahna Kongress, ngawangkong teu beres-beres), teu ti yp, tapi ti pribadi atawa papatungan. Sabab dana yp pikeun pabukon jeung beasiswa, lain pikeun balakencrakan. Tah ayeuna, mangga bilih aya tim sukses cagub cawagub. bade kampanye cagub cawagub jabar, Aman (agum gumelar + Nu'man, PDIP+PPP), Hade ( saha tah + Dede Yusuf: PAN+PKS), Danny Setiawan+Iwan R Sulanjana (Golkar + duka naon). Prung! Sakitu nu kapihatur, neda rido manah. Kuncen # 3

