Asa geus heubeul ngadenge aya buku damelan Jurie G Jarian. Ti keur budak keneh 
geus ngadenge kekecapan Jurig Jarian mah. Minggu kamari, MJ bewara yen buku 
kagungan Jurie G Jarian parantos medal. Atuh poe saptu kamari teh...bari 
ngabebenjokeun budak ulin ka Gramedia, lain hayang-hayang teuing kana bukuna 
Jurie G Jarian da ninggali judulna asa kurang sreg keur saumuran kuring mah, 
tapi hayang pisang meunang Sandekala-na kang Godi...sumpah!
   
  Dikulibek, teu kapanggih akhirna serah bongkokan nanyakeun ka komputer. 
Sakalian we sareng bukuna Jurie G Jarian cekeng teh. Oh ieu....pak, ceuk 
karyawan teh. Bener we dipajangna nembrak. Euleuh meni...edun "coverna" oge 
dandanan santri, nu lalaki dikerepus bari porenges nu awewe dibakutet ngangge 
tudung meni kewes! 
   
  Palebah rak buku nu aya Sandekala geuning loba oge buku-buku Sunda lainna 
utamana buku-buku nu ceuk kuring anyar kegungan mang Ajip mah. Teu wudu jadi 
baluweng da loba pisan buku nu hayang diringkid, acan nu wajib keur budak. 
Antukna ngan kabawa 7 siki, babakuna kagungan mang Ajip. Ari pek teh, buku 
Sandekala-na kang Godi mah poho teu ka gembol sanajan JiWaLuPatna mah nyangkere 
dina kantong keresek. Bener yeuh....simana buku mang Ajip mah sima maung!
   
  Sadatangna ka imah, langsung murak bukuna Jurie G Jarian, ngaloris kaca 
panungtung hayang geura meupeuskeun babaledogan salila ieu. Goreheh teh...hong 
siah! Teu jauh tina sawangan...geuning raja Rawalakbok. Syukur we ah...beuki 
reugreug, sugan buku-buku nu lainna katalingakeun. Pan cenah...mun 
indit-inditan dibarengan ku urang Ciamis mah sok ngarasa leuwih 
aman...bodiguardna onom lin? haha
   
  Opik sok cool, nih! novel bobogohan..."cool" dina ngajentrekeun pasualan 
sono-bogoh para nonoman. Naha loba Bella (sanes basa Francis belle?) di urang, 
nu pinter ngaregepkeun jeung nangkep maksud omongan  lalaki?  Atawa ngan dina 
novel ieu wungkul? Hade, hampang macana. Sura-seuri wae, ceples siga sero! 
Lalakon hirup nu nulis atawa rekaan wungkul? Duka & kajeun....nu jelas Jurie G 
Jarian resep ninggali budak batur ceurik! haha
   
  Jadi inget lagu...Toto(?):  
  ...............
  Get the girls and make them cry!
   
   
  Wilujeng,
   
  siporenges

       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Kirim email ke