hehe. nuhun kang tos maos. mudah2an kahibur, nya keom dua kedap (nu sakedap mah nu kang syam riduone). enya telat. maklum ti yogya bari sigana dicitak di bandung da grup mizan.
muhun Bella teh basa perancisna mah belle. belladona, lagu jadul, istri geulis hartosna, basa sunda mah balagadona tea. heuheu hanjakal judul di gentos ku redaksi teu wawartos karuh. da asalna mah Darul tea. tapi rada kahibur ku gambar jilid, sanajan mun kaci mah si jalu na teh si kuring we. heuheu atawa kang soni atawa iskandar kumincir nu kasep jeung jangkung. jarian teh parodi keur bandung, pan jarian teh tempat miceun runtah tea. basa sunda antik, da aya dina naskah siksa kandang karesian malah (tempat2 nu teu hade pikeun paimahan). sapalih bahana panineungan nuju SMP. nami lembur mancagar, di tonggohna aya cikujang, walungan cibaruyan, teras goa tilas tambang timah walanda, kantos piknik ka dinya jaman smp (di smp cihaurbeuti). nami2 santri nu teu jadi gabung sareng teroris, nami2 sobat keur SMP. saepudin, ayeuna jadi pulisi di cacaheum, tadi pisan nelpon, hayang pendak cenah. sugeng tugasno, anak tentara, ibuna sunda, bapa jawa. ayeuna janten security di stie perbanas jkt, ti smp keneh gaduh cita2 jadi dosen. teu jauh, ayeuna damel di kampus oge. dede, anak tukang baso gunungcupu nu kahot, ayeuna damel di pabrik tekstil majalaya. nami pasantren asli aya di lembur si kuring, tempat diajar ngaji. hehe, kantos nga sms heula ka urang kusnet nu namina ditambut. kang Iskandar, Kumincir, Kumi dipake, jadi letnan satu, kang Soni Bototot.com, dipake jadi tentara nu pangjangkungna, jadi males mun dititah tiarap, kang Eko Nugraha, Ono Taryono-asana ti teknik kimia itb, kaman ayeuna jarang ngulampreng, oge aya Ajan Hadori, lawas oge. Opik diserat jaman heboh ku kasus Aa Gym polibag, jadi soal nyandug oge dibahas, nya. haha. tokoh Bella kaideuan ku rerencangan kuliah nu anak diplomat, ayeuna ge nikah ka diplomat dines di swiss. ari adatna mah, niron rerencangan kuliah oge, nu ayeuna nikah ka bule Jerman sareng dumuk di Nuernberg. si eneng eta sok tual-toel ka si kuring harita. haha. cenah cek batur mah si eta bogoheun ka si kuring, ngan teu dilayanan da teu fokus ka milari kabogoh. Lembur Onet, Subang jeung danasna, kaideuan basa ngiring kongres basa Sunda jeung Ua Sas, kang Soni, Hawe oge abah Duduh Durahman ti Mangle. di jalan uih kongres, mobil si Ua lireun heula morong danas. heuheu. perkawis seueur henteuna Bella, eta teh empati si kuring ka para istri nu sok kabejakeun dina koran korban KDRT tea. susuganan atuh ari pihak istri nu milari mah, engkena teu jadi korban KDRT. ari nu ngangge raksukeun siga leupeut sareng kupat mah, heuheu...ngalayah nya. salam ti jarian On Feb 13, 2008 3:01 PM, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Dikulibek, teu kapanggih akhirna serah bongkokan nanyakeun ka komputer. > Sakalian we sareng bukuna Jurie G Jarian cekeng teh. Oh ieu....pak, ceuk > karyawan teh. Bener we dipajangna nembrak. Euleuh meni...edun "coverna" oge > dandanan santri, nu lalaki dikerepus bari porenges nu awewe dibakutet > ngangge tudung meni kewes! > > > Opik sok cool, nih! novel bobogohan..."cool" dina ngajentrekeun pasualan > sono-bogoh para nonoman. Naha loba Bella (sanes basa Francis belle?) di > urang, nu pinter ngaregepkeun jeung nangkep maksud omongan lalaki? Atawa > ngan dina novel ieu wungkul? Hade, hampang macana. Sura-seuri wae, ceples > siga sero! Lalakon hirup nu nulis atawa rekaan wungkul? Duka & kajeun....nu > jelas Jurie G Jarian resep ninggali budak batur ceurik! haha > > Jadi inget lagu...Toto(?): > ............... > Get the girls and make them cry! > > > Wilujeng, > > siporenges > > ------------------------------ > Never miss a thing. Make Yahoo your > homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs> > > -- geocities.com/mangjamal mangjamal.multiply.com

