> Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Cik-cik kumaha dongengna ieu teh?

Kang Asep, wah teu aya eusina, jeung perkara perang Bubat, sabenerna 
teu bisa kitu wae "dibahas" dina acara TV nu durasina ukur 30 menit 
dipotong waktu iklan.

Ceuk kuring mah TRANS7, gagabah ngayakeun acara ieu. Salah sahijina 
Gagabahna, nu mawa acara nyebutkeun cenah aya larangan urang Sunda 
kawin ka urang Jawa. Eta ceuk saha? tepi kang Aksan nu diwawancara 
ngoreksi. Ti baheula keneh, geus loba urang Sunda kawin jeung urang 
Jawa, malah cenah aya "kekerabatan" antara menak Sunda jeung menak 
Jawa.

Nu kadua, nu mawa acara, sababraha kali nyebutkeun di Bandung, euweuh 
jalan Gajah Mada jeung Hayam Wuruk, bari teu nyebutkeun di Yogya, 
lamun teu salah, teu aya jalan Siliwangi. Geus kitu manehna nyebutkeun 
mudah2an di Bandung engke aya jalan Gajah Mada. Padahal, aya alusna di 
Bandung teu aya jalan Gajah Mada, paling henteu keur mere kasadaran, 
yen sajarah teh gumantung timana nempona. Gajah Mada jeung Majapahit, 
kareueus keur urang Jawa, tapi henteu keur urang Sunda. Malah urang 
MInangkabau oge boga dongeng nu nyaritakeun kumaha Majapahit nu hayang 
ngawasa tanah minang, "dielehkeun" ku urang Minang dina ngadu munding 
(Minangkabau = Menang Kerbau).

Jadi acara ieu, ceuk kuring mah, malah kontra 
produktif, "ngahudangkeun" nu tadina euweuh masalah (geus poho) jadi 
aya masalah ....


Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke