hehehe... kang asep mah tiasaan wae ngipasan teh yeuh abdi mah kamari sateuacana acara di kanu tipi keun teh.... cetting sareng anu gaduh lalakonna (kg. hermawan aksan).. nya digambarkeun sakedik kumaha proses pengambilan materi video kanggo tayangan eta teh..... mana teu aneh teuing ari hasilna kitu teh heheheh..... da kang hermawan na oge "teu husus" sasayogian kanggo mayunan eta acara.... antare.. sabab ti TV na teu masihan batesan anu jentre.... nya... kang hermawan oge mayunan na...."rada sahayuna" ... diwawancara na di saung angklung mang ujo.....
ngan teu di "adu bagongkeun" mesek pamikirannana.... jadi kamungkinan "masing-masing" tos katebak, hehehe... pek teh leres nya ...... abdi protes ngeunaan gajah mada anu diserat bagaikan seorang manusia tanpa cela ka langit kresna dina web sareng blog na teu ditanggapi..... kamari di dugikeun ka kang hermawan.... saurna tos disiapkeun dina novelna anu kadua ieu..... medal sasih april/mei...... baris nembongkeun sisi anu "beda" ngeunaan gajah mada...... mangga diantos pedaranna kang hermawan..... tong hilap meser bukuna......... hatur nuhun. mang maya Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Hatur nuhun bah kanggo infona. Eta si Langit Kresna meni keukeuh gening hayang nambahan jalan nu ngaranna gajah mada di wewengkon Sunda tepi ka ngagunakeun isu perang bubat. Naha henteu sadar kitu, Sunda Kalapa teh pan meunang ngaaneksasi ti Sunda. Cukup di Sunda Kalapa wae lah ngaran gajah mada jeung hayam wuruk mah ulah ditambahan deui di wewengkon sejenna; masih loba ngaran urang Sunda anu can kabagean dijieun ngaran jalan. Daripada ngaran gajah-gajahan sarta hayam-hayaman jeung sabangsana masih tegep keneh ngaran Mundinglaya, Surawisesa, Bujangga Manik, Amank Maya suara, Amang Wiartakusumah, jeung sajabana. Baktos, Aschev ----- Original Message ---- From: waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, February 13, 2008 11:17:59 AM Subject: Re: [Urang Sunda] acara Kupastuntas Bubat Tea. > Aschev Schuraschev <aschevetea@ ...> wrote: > Cik-cik kumaha dongengna ieu teh? Kang Asep, wah teu aya eusina, jeung perkara perang Bubat, sabenerna teu bisa kitu wae "dibahas" dina acara TV nu durasina ukur 30 menit dipotong waktu iklan. Ceuk kuring mah TRANS7, gagabah ngayakeun acara ieu. Salah sahijina Gagabahna, nu mawa acara nyebutkeun cenah aya larangan urang Sunda kawin ka urang Jawa. Eta ceuk saha? tepi kang Aksan nu diwawancara ngoreksi. Ti baheula keneh, geus loba urang Sunda kawin jeung urang Jawa, malah cenah aya "kekerabatan" antara menak Sunda jeung menak Jawa. Nu kadua, nu mawa acara, sababraha kali nyebutkeun di Bandung, euweuh jalan Gajah Mada jeung Hayam Wuruk, bari teu nyebutkeun di Yogya, lamun teu salah, teu aya jalan Siliwangi. Geus kitu manehna nyebutkeun mudah2an di Bandung engke aya jalan Gajah Mada. Padahal, aya alusna di Bandung teu aya jalan Gajah Mada, paling henteu keur mere kasadaran, yen sajarah teh gumantung timana nempona. Gajah Mada jeung Majapahit, kareueus keur urang Jawa, tapi henteu keur urang Sunda. Malah urang MInangkabau oge boga dongeng nu nyaritakeun kumaha Majapahit nu hayang ngawasa tanah minang, "dielehkeun" ku urang Minang dina ngadu munding (Minangkabau = Menang Kerbau). Jadi acara ieu, ceuk kuring mah, malah kontra produktif, "ngahudangkeun" nu tadina euweuh masalah (geus poho) jadi aya masalah .... Baktos, WALUYA --------------------------------- Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now. Salam Baktos. Mang Maya. www.salakadomas.multiply.com www.hasanmustapa.wordpress.com www.kusnet.ning.com --------------------------------- Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! Answers

